Jempé, bangun keur nimbang-nimbang usul ti Uding. Ari Uding, apan dianggap uteukna rada éncér, da kungsi sakola di SMEA—ayeuna mah jadi SMK.
“Ari sayah mah, mun kudu jadi bendahara nya hayu. Atuh rék dipasang jadi sekretaris, heug waé,” omong Dén Haji—ngaran lengkepna mah Dén Haji Gojéh Sukmaniaga, anu sapopoéna jadi bandar béas di pasar kacamatan.
“Mending jadi bendahara, Dén Haji mah,” omong Pa Guru Elom, pangsiunan Kapala SD.
Tah, mun Pa Guru geus ngabijilan pamanggih, tangtu dumasar kana tinimbangan anu asak. Anu matak, saréréa langsung satuju.
Kaasup kana kolom jugala Dén Haji mah. Usahana maju, panggilingan paréna gé aya di sababaraha tempat. Geus karuhan ari sawah jeung balong mah, matak capé ngideranana. Karék ayeuna katajina ku partéy téh, da tadina mah sok api lain. Pokna ogé, mending kénéh usaha, jeung pupulitikan mah.
“Yah, Sodara-sodara, urang mah ulah mempersoalkan jabatan. Pokona rék naon waé jabatan urang, nu penting mah dédikasi ka partéy, nu penting mah urang bisa bersinérgi, bisa kompak, sangkan partéy urang bisa unggul dina pemilu,” omong Bung Alvert.
“Kumaha, Néng Ulan daék jadi jurutulis?” Mang Koméng pipilueun nyelengkeung.
“Lain jurutulis. Sekretaris, kituh!” Drs. Oman rada ngagebés.
“Enya lah, da meureun kitu-kitu kénéh gawéna mah,” Mang Koméng angger nambalang. “Kumaha, Néng Ulan daék?”
“Ari abdi mah, dina posisina naon waé gé siap. Nu penting bisa bersinérgi. Apan kitu saur Bung Alvert gé nembé.”
“Sip atuh. Urang ketok palu. Sekretaris partéy bakal dicekel ku Néng Ulan—lengkepna Néng Ulan Sibaikoh, ari anu jadi bendaharana nyaéta Bung Dén Haji,” omong Bung Océng.
Trok, trok, trok. Pamilon rapat keprok.
“Padahal ari geus maké Bung mah, ulah ditambahan ku Dén, nya?” Kang Itam ngaharéwos ka Uwa Aléh, tapi teu burung kadéngéeun ku Bung Alvert.
“Ulah haharéwosan. Aya naon?” pokna.
“Éta, Bung Alvert. Mun geus disebut Bung mah tong maké Dén atuh,” témbal Kang Itam.
“Mémangna matak jadi dosa?”
“Moal ari jadi dosa mah, ngan teu ilahar,” Uwa Aléh anu némbalanana, sorana semu ngageleger, surup jeung potongan awakna nu jangkung gedé, beungeut bosongot dipapaés kumis baplang, najan warnana geus robah jadi bodas.
Mun Si Uwa geus ngabijilan sora, nu séjén sok ngadadak tara aya nu mairan, da asa katungkup jajatén. Jaba manéhna téh guru penca deuih.
“Geus, urang teruskeun deui!’ omong Bung Océng.
“Ké heula, sebutkeun sing lengkep jeung gelarna,” Drs. Oman ngainterupsi.
“Oh, enya. Ulan Subaikoh téh gelarna A.Md. alias Ahli Madya,” ceuk Bung Océng.
Ka dituna mah lancar taya sésékélan. Saréréa nyebut sanggup nempatan posisi dina kapangurusan partéy. Jadi saréréa kabagian jabatan. Geus karuhan ari anu sakelas jeung Pa Guru atawa Sersan Tohari mah—saenyana geus lila pangsiun, éh, purnawirawan, éta mah nyekel kapangurusnana ogé dina séksi anu dianggap strategis dina mesin partéy.
Kétang, aya hiji anu ngaganjel téh, widang seni-budaya kosong kénéh. Anu ditunjuk pada nyebut teu sanggup.
“Kumaha mun didagokeun tepi ka isuk, atawa saelat-elatna pagéto?” Wan Uzéd ngasongkeun usul.
“Is, teu bisa, Bung. Kudu anggeus peuting ieu, sabab isukan hasil rapat ayeuna ieu téh kudu geus dilaporkeun ka pusat. Minimal peuting ieu geus pasti saha-sahana anu jadi ketua séksi atawa widang. Keun waé anggota séksina mah bisa dilengkepan isuk deui,” témbal Bung Alvert. “Jadi wayahna kudu final ayeuna. Cing, piraku taya saurang-urang acan warga di dieu anu bisa ditempatkeun jadi pangurus anu nyekel seni-budaya.”
“Saha atuh nya kira-kirana anu bisa ngeusian bidang seni-budaya?”
“Dirangkap ku Dén Haji waé atuh, ari euweuh-euweuh teuing jalma mah. Kaci lamun kitu gé lin, Bung Alvert? Jadi bendahara ongkoh, jadi séksi seni-budaya ongkoh,” ceuk Mahisya Marahani anu posisina geus aman nyekel Séksi Pemberdayaan Perempuan.
“Ah, teu sanggup,” Dén Haji rikat némbalan. “Mun urusan ngitung duit, sayah ahlina. Tapi ari kana suna-seni kitu mah, teu sanggup. Mun sakalieun nyanyi gé, sayah mah sok silung waé. Kuduna gé dieusian ku Rani atuh.”
“Ih, entong Rani mah. Tos baé nyepeng pemberdayaan perempuan,” omong Maharani.
“Sabisa-bisa ulah aya anu dirangkap,” Bung Océng nyambung omongan.
“Enya, ulah,” Bung Alvert gé teu éléh tandes. “Urang kudu inget, partéy urang téh kudu némbongkeun dinamika. Ari dinamika téh saratna teu meunang aya rangkap pangurus, sabab mun kitu téh hartina teu méré kasempetan ka batur. Wanmén wanjob. Jelas?”
“Tah, déngékeun, euy. Geus aya deui istilah anyar. Ngan ayeuna mah lain put, tapi job,” deui-deui Mang Koméng ngaharéwos ka anu aya gigireunana.
“Sssttt …!”
“Dina ngaran ogé apan partéy urang mah geus béda ti partéy séjén,” Drs. Oman nyarita bari pepeta. “Partéy Salam Manis alias Parsaman, hartina kudu jadi partéy anu kayungyun. Rangkap jabatan mah teu kaasup pagawéan kayungyun atuh. Inget, ceuk Bung Alvert ogé: wanmén wanjob. Éta nu disebut démokrasi. Ari démokrasi téh apan asas utama partéy. Jeung ari démokrasi téh apan sarua jeung nasionalismeu, atawa mun dipanjangkeun mah Negara Kesatuan Républik Indonésia, alias NKRI téa. Masing inget, NKRI harga mati!”
Pamilon rapat unggut-unggutan, da bisi pajarkeun teu ngarti kana hakékat partéy pulitik. Anu rék heuay gé kapaksa nungkup sungut heula.
“Urang miluan aktif di partéy téh apanan dalam rangka pendidikan politik. Urang kudu enya-enya ngarti kana hakékat politik. Dina jaman ayeuna mah, sakabéh rayat kudu beunta kana urusan politik, ngarah bisa berpartisipasi kana prosés berbangsa dan bernegara. Tah, éta nu disebut démokrasi,” ceuk Drs. Oman deui.
Anu hadir arunggut-unggutan.
“Jangan cuma iya-iya burung hantu atuh. Coba resapkeun itu omongan Bung Drs. Oman Rochman, M.M.Pd. sangkan urang jadi kader partéy anu militan, multiguna, jeung talénta,” ceuk Casun Das—lalandianana Bung CD, turunan Minangkabau, ngan geus lila matuh di dieu. Tah, mun Bung CD mah sok rada kokolot begog.(nyambung)
* Tatang Sumarsono, jurnalis, cerpenis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments