Ku: Tatang Sumarsono
“Nya tacan atuh, Dul,” témbal Bung Ketua. “Héy, nu di laluar, geura ka jarero! Acarana urang mimitian.”
“Sok ah caralik sing merenah, sing tartib, supados saé engké difilemna,” omong Néng Ulan.
Guk-gék deui dina korsi. Kitu deui anu rék diwawancara geus ngajajar di hareup.
“Ayeuna acara urang buka ku haleuang Kang Dulkonang, laguna Gobang Gocir,” omong wartawati ti TV Méncrang. “Kaméra siap …!”
“Okay …,” témbal juru kaméra.
“Enya geuning asa ngadégdég,” ceuk Dulkonang bari memener kerah bajuna.
“Tong ngadégdég, Kang. Apan Akang mah tos biasa di panggung,” témbal Néng Wartawati.
“Alah, énté mah maké ngadégdég sagala, Dul,” ceuk Dén Haji.
“Apan cenah kudu darkam,” ceuk Maharani, angger bari jebi.
“Ya, atuh,” omong Dulkonang.
“Siap …. Tiga …, dua …, satu …. Eksyén …!”
“Cir gobang gocir
cabé beureum lada.
Cing urang taksir
Calon urang saha ….
Cir gobang gocir
Salasa jeung Kemis
Cing geura taksir
Partéy Salam Manis ….”
“Hébat …,” ceuk Néng Wartawati bari keprok. Nu araya di dinya gé milu keprok. “Bung Dulkonang leres-leres seniman anu ngarayat. Laguna lagu rayat ….”
“Jeung pasti bakal merjuangkeun kapentingan rayat,” Bung Ketua ngéngklokan. “Bung Dulkonang téh calon wakil rayat anu enya-enya jolna ti rayat, anu ngarti pisan kana kondisi rayat, sarta ngarti kana kahayang rayat.”
“Pokona Bung Dulkonang téh tipeu calon wakil rayat anu ngagambarkeun kumaha ari mayoritas rayat Indonésia jaman ayeuna,” Drs. Oman nambahan katerangan. “Jadi Bung Dulkonang mah dijamin bakal enya-enya merjuangkeun kapentingan rayat.”
“Hébat, hébat …,” ceuk Néng Wartawati. “Ari kagiatan Bung Dulkonang sadidinten tadina naon?”
“Abdi mah tadina pamaén calung. Tukang ngahibur masarakat anu masih kénéh nyaah kana seni-budaya warisan karuhun,” omong Dulkonang, jadi ngadadak leungit ngadégdégna, komo sanggeus ngajeueung imut manis Néng Wartawati mah.
“Ayeuna masih kénéh sok nyalung?” Néng Wartawati nanya.
”Anu mawi tos tara,” témbal Dulkonang. “Apan para pamaénna ogé tos maléncar milarian pakasaban. Aya nu ka Jakarta, aya anu ….”
“Kieu atuh, Seus,” Bung Alvert gancang némpas. “Ari nyalung mah masih kénéh Si Bung téh, ngan henteu sasering kapungkur manggungna. Ari margina mah, kasenian tradisional téh tos ngawitan kadéséh ku kasenian luar. Lain kitu, Dul?”
Dulkonang rada rungah-ringeuh, tapi ahirna mah teu burung pok, “Ya, kitu lah, sakumaha nu nembé didugikeun ku Bung Alvert.”
“Kieu atuh, apan tos jadi rusiah umum yén ayeuna kabudayaan ti luar téh, kalabet kabudayaan asing, tos ngaranjah ka urang,” Drs. Oman milu némbrong. “Seni-budaya urang, sakumaha ceuk Bung Ketua nembé, tos seueur anu kadéséh, kalebet calung. Lain kitu, Bung Dul?”
“Persis, calung téh ayeuna éléh ku éléktonan anu biduanana tinggaritek,” témbal Dulkonang.
“Tong disebat atuh tinggaritekna mah, Kang Dul,” Maharani némbrong. Da jeung enyana, apan manéhna mah sok nyanyi dina panggung éléktunan.
“Ya, pokona mah seni-bufaya Sunda warisan karuhun téh geus kasedekkeun ku kasenian ti luar anu saenyana mah teu berniléy,” ceuk Bung Ketua. “Justru ku sabab éta, Parsaman minangka partéy anu simpatik, berusaha menjunjung niléy-niléy Pancasila, terus berupaya ngangkat deui harkat darajat seni-budaya tradisional. Nya di antarana ku ngahirupkeun deui calung.”
“Tah, Bung Dulkonang téh minangka kréator anu diandelkleun ku Parsaman, sesuéy jeung ngaranna Partéy Salam Manis,” onmong Bung Alvert.
Sajeroning kitu, ari Dulkonangna mah ngan ukur unggut-unggutan.
“Bung Dulkonang siap berjuang pikeun seni-budaya tradisi?” Bung Wartawan Dobrak nanya.
“Siap,” témbal Dulkonang.
“Pasti siap atuh,” Bung Ketua nambahan katerangan.
“Tah, kitu para pemirsa,” ceuk Néng Wartawati, nyarita hareupeun kaméra. “Partéy Salam Manis sanés mung ukur badé ancrub kana prosés berbangsa dan bernegara, tapi deuih seja ngiring ngamumulé budaya Sunda.”
Bung Alvert jeung Drs. Oman unggut-unggutan, tanda setuju.
“Éta margina kedah didukung ku sakumna rayat, hususna warga di ieu kacamatan,” Bung Ketua ngéngklokan. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments