Ku: Tatang Sumarsono
Maharani langsung asup ka rohangan. Seungit parfumna mani meleber.
“Mani seungit kieu, euy,” ceuk Uding Margola.
“Apan ari rék dipilem ku wartawan mah kudu sarareungit atuh,” omong Mang Itam.
“Ah, moal kaambeu atuh mun geus jadi filemna ogé, mun geus ditayangkeun dina tivi,” omong Bung Casun.
“Tos ti salon heula pastina gé, matak datang ka dieuna pangpandeurina,” omong Uding.
“Nya heueuh. Ning éta dangdanna ogé mani sataker kebek,” aya anu mairan.
Anu séjén ngan tingséréngéh.
“Kumaha nya, abdi mah asa ngadégdég kieu badé diwawancara téh,” ceuk Maharani.
“Sami abdi gé da, Téh,” walon Néng Loli Mulyawati, SE, ME.
“Ah, tenang wé atuh. Pira gé diwawancara. Geuning batur gé mani sok lalancar, malah sok bari pepeta mun nerangkeun pasualan hareupeun kaméra téh,” omong Bung Océng.
“Tah, jigana Kang Dulkonang mah teu degdegan, nya?” omong Néng Loli.
“Ah, duka atuh, Néng,” témbal Dulkonang.
“Naha duka?”
“Anu jelas sok degdegan mah payuneun pimitohaeun,” témbalna bari ngahéhéh.
Ngadéngé Dulkonang nyarita kitu, Maharani ngan ukur jebi.
“Mani jebi ka abi téh,” ceuk Dulkonang.
“Teu ah,” témbal Maharani bari maléngos.
“Lain sok atoh ari hareupeun pimitohaeun mah, Dul,” ceuk Bung Ketua.
Dulkonang ngahéhéh deui.
“Upami badé dipilem mah, cenah, urang téh kedar darkam heula,” omong Dulkonang, maksudna mah éta omongan ditujulkeun ka Néng MM.
“Naon darkam téh, Kang Dul?” Néng Loli nanya.
“Muhun, sadar kaméra,” témbal Dulkonang.
“Ah, aya-aya waé Kang Dulkonang mah.”
“Apan aya darkum sareng darling deuih, Néng,” omong Dulkonang.
“Naon tah?”
“Darkum mah sadar hukum,” témbalna.
“Ari darling?” Maharani milu nanya—atuh Dulkonang ngadadak atoh.
“Darling mah apan … sadar lingkungan,” témbalna deui.
Maharani jebi.
“Pasti disangkana tina may darling, nya? Hé-héh ….”
“Teu ah.”
Obrolan anu opatan kapegat ku datangna rombongan wartawan, anu ngahaja dibawa kana mobil bogana Dén Haji. Lain wartawan wungkul, da wawakil ti pangurus cabang gé aya dina mobil, nyaéta Drs. Oman Rochman, M.M.Pd jeung Bung Alvert Gezuela. Ari wartawanna mah aya tiluan; lalaki dua, awéwé hiji.
“Nah, ini calon dari Parsaman yang akan maju,” ceuk Bung Alvert.
Anu opatan arunggeuk.
“Ini dia Bung Océng Sukapamér, ketua partéy kita,” pokna deui.
“Muhun da, kantos tepang sareng Bung Ketua mah,” ceuk salah saurang wartawan—cenah mah ti Mingguan Dobrak.
“Ari anu istri saha waé, Pa Haji?” ceuk wartawati nu mawa mick ti TV Méncrang, datangna duaan jeung juru kaméra.
“Anu ieu Loli Mulyawati, SE, ME,” témbal Dén Haji. “Ari nu ieu,” bari nunjuk ka Maharani, “namina Mahésya Maharani, di partéy nyepeng Séksi Pemberdayaan Perempuan.”
“Tah, mun nu ieu, Bung Dulkonang,” ceuk Bung Ketua bari nunjuk ka Dulkonang. “Lengkepna mah Dulkonang Gobang Gocir.”
“Antik banget tuh namanya,” ceuk nu mawa kaméra.
“Pasti. Bung Dulkonang téh ti Séksi Seni-Budaya. Ahli maén calung. Lagu favoritna Cir Gobang Gocir,” ceuk Bung Ketua deui. “Engké geura bakal dihaleuangkeun.”
“Wawancarana tos der?” ceuk Dulkonang. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments