Ku: Tatang Sumarsono
Dina rék ngahangkeutkeun ka waktu kompanyeu mah, sekretariat téh jadi tambah haneuteun. Geus karuhan pangurus, cacak ukur anu kasebutna simpatisan gé sok aya nu milu ruang-riung. Komo ayeuna, duméh rék aya wawancara, malah rék asup tivi. Pabéja-béja, tatalépa. Breg waé daratang.
Enya, apan geus jinek, sakabéh calon ti Parsaman rék diwawancara ku wartawan ti sababaraha média. Tempatna di sekretariat anak cabang partéy.
“Emang bakal miluan kapilem moal, nya?” ceuk Mang Koméng.
“Diukna di hareup geura, Mang, ngarah kakaméra ku wartawan,” omong Bung Casun Das.
“Sok atuh calikna di payun,” ceuk Néng Ulan Subaikoh, da manéhna mah kaasup anu datang pangheulana.
“Ah, isin kétang,” témbal Mang Koméng. “Tos waé di dieu.”
“Lah, maké hayang teuing kapilem atuh. Mending gé diukna di dieu, tong jauh ti uing, ngarah déét kana opieun,” ceuk Mang Itam.
“Barina anu dariuk di jajaran hareup mah kudu pajabat téras atuh,” omong Uwa Aléh. “Tuh, nu rék ngandidat, anu kudu dipilem mah.”
“Tenang, saréréa gé bakal kapilem. Apan kaméra téh bakal disorotkeun ka kabéhan. Anu matak dariukna sing marantes geura,” omong Bung Ketua. “Kudu témbongkeun yén partéy urang mah tartib jeung disiplin. Béda jeung partéy batur anu kaderna sok paraséa, atawa sok darémo riributan, tepi ka matak macét jalan.”
“Apan partéy urang mah ngaranna gé Salam Manis. Tangtu waé kudu kayungyun,” Uding Margola mairan.
“Jékét uing sakieu mah mantes meureun, nya?” ceuk Uzéd.
“Gagah lah. Jaba jékét kulitna aya tulisan Harléy Davidson,” témbal Uding.
“Heueuh, ari jékét ditulisan Harley, tapi ari motor bet maké bébék,” Bung Casun ngéngklokan.
Dikitukeun téh Uzéd ukur nyéréngéh.
“Éta kopéahna benerkeun heula, Mang Itam,” ceuk Uding Margola.
“Jéh, ciri has Emang apan maké kopéah rada malang mah,” Mang Itam rikat némbalan.
“Boa ciri anu keur guguru ka Gunung Koromong?” ceuk Uwa Aléh.
“Ah, Uwa mah. Bet piraku teuing. Ka Gunung Koromong mah atuh anu munjung,” témbal Mang Itam.
Teu kungsi lila, susuguh geus mimiti sina midang, mani ngabarak, ngaleuwihan ti hajat tujuh bulanan.
“Ari tumpengna mana ieu téh, Anih?” ceuk Uwa Aléh.
“Engké bijilna éta mah, saur Dén Haji gé,” témbal Anih. “Ayeuna mah éta heula wé kulub suuk jeung seupan beubeutian. Tuh ning, aya suweg sagala. Geus puguh deui ari seupan sampeu jeung taleus mah.”
“Suweg bawa ti mana ieu téh? Asa geus mangalam-alam teu manggih nu kieu,” ceuk Mang Koméng.
“Bawa Kang Dulkonang,” témbal Anih bari terus ngaléos deui ka tukang.
“Meunang ngaririhan ti nu ngebon di girang. Kabeneran mangkukna keur ngabajongan laja jeung konéng, ari pék di kebonna loba tangkal suweg,” témbal Dulkonang.
“Kadé cangkangna tong dibalakeun,” ceuk Uding Margola.
“Nya moal atuh. Mun barala mah, atuh meureun engké bakal kapilem. Piraku di kantor partéy urang bala ku runtah,” omong Mang Upang.
“Kadé, para Bapa sareng Akang, teu kénging ngaroko di lebet rohangan,” ceuk Néng Ulan.
“Matak naon kitu, Néng?” Mang Koméng nanya, mangkaning manéhna geus ngajejelan padudan ku baku anyar meuli ti pasar.
“Bilih haseupna mulek. Engké moal saé kana filemna,” témbal Néng Loli.
“Enya, euy. Di laluar heula wé rék udud mah. Hayu, da déwék gé arék,” ceuk Uwa Aléh. “Tah, sakalian bawa cikopina.”
Bring waé kana teras anu bareuki udud mah.
“Aduh punten, abdi mah kasiangan,” ceuk nu anyar datang, leumpang rada rurusuhan—Mahésya Maharani alias Néng MM téa.
“Ah, da tacan der wawancarana ogé, Néng,” ceuk Mang Upang. “Sok wé teras ka lebet.” (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments