Carita Nyambung

Carita Nyambung (14):
Partey Salam Manis

0

 

Ku Tatang: Sumarsono

Rélawan.  Tah, aya deui istilah anyar di partéy, nyaéta ti saprak rék asup ka mangsana kompanyeu.

“Itu adalah mereka yang membantu calon, khususnya dalam kegiatan kampanye,” kitu ceuk Bung Alvert waktu méré pengarahan ka pangurus jeung simpatisan partéy.

“Istilahna ogé rélawan. Tangtu waé nu jadi dasar pangna daék daék ngabantu kandidat téh tina sikep réla,” Drs. Oman Rochman, M.M.Pd. nambahan katerangan. “Réla atawa daék ngabantu, daék capé, demi kandidat anu dijagokeunana meunang sora saloba-lobana.”

“Tapi meureun anu jadi rélawan mah ukur lalaki wungkul nya, Bung Doktorandus?” aya nu nyelengkeung nanya kitu.

“Ah, kata siapa?” Bung Alvert rikat némbalan. “Awéwé gé sarua baé bisa ngagabung jadi rélawan. Inget, Bung, di partéy mah tidak ada perbedaan fungsi antara laki-laki dan perempuan. Kabéh ogé boga hak anu sarua.”

“Pédah meureun éta, Bung Ketua, istilahna bet rélawan,” ceuk Uding Margola.

“Iyyah. Mustinya mah aya istilah rélawati gé,” Maharani ngéngklokan.

“Ya, bisa, bisa. Jadi istilahna rélawan setrip rélawati,” témbal Bung Alvert.

“Mun jadi rélawan mah meureun teu dibayar, nya,” aya deui nu nyelengkeung.

“Naha maké teu dibayar?” aya anu gasik nanya.

“Apan istilahna gé rélawan.”

“Ah, nya ari dibayar mah bisa waé. Ngan ulah nargetkeun gedéna,” témbal Drs. Oman.

“Kieu meureun, najan kasebutna rélawan, ari sakadar buruh capé mah nya aya. Da piraku ari dienol pisan mah, apan ari tanaga téh kudu dihargaan, ulah hayang atawa dianggap ciatah waé. Ngan anu jadi rélawan téh ulah boga angkeuhan hayang ditangtukeun gedéna buruhan duméh urang mantuan. Apan niatna gé lain rék buburuh, tapi pengabdian di partéy,” omong Dén Haji.

“Tah, jéntré ari kitu mah,” Mang Upang langsung mairan.

“Jigana mending disebut tim kerja,” Pa Guru Elom ngabijilan pamanggih.

“Naha kumaha kitu, Pa Guru?” Ulan Subaikoh nanya.

“Istilah tim kerja mah leuwih jelas. Tangtu dina digawéna ogé bakal leuwih jelas aturanana, kumaha ari hak jeung kawajibanana. Ari rélawan mah asa ngambang. Bangunna téh daék-daék, hanteu-hanteu  digawéna gé, da sipatna gé ukur karélaan wungkul,” témbal Pa Guru Elom.

“Nah, bagus juga tuh,” Bung Alvért langsung ngaréspon.

“Éta mah istilahna naha rék tim kerja, naha rék tim gawé,” omong Pa Guru deui.

Nya ahirna mah sapuk, sesebutanana tim kerja.

Para calon anu rék maju kudu pada-pada boga tim kerja, sarta kudu puguh tugas naon waé anu bakal dipigawéna. Kitu ceuk pengarahan saterusna ti pangurus cabang. Ngeunaan sabaraha urang, sabaraha urangna jumlahna mah dipasrahkeun ka masing-masing calon.

“Pokona mah kudu bisa digawé kalawan kompak,” ceuk Bung Alvert.

“Dan sinergis ya, Bung Alvert?” Maharani ngéngklokan. Jadi asa remen ngedalkeun kecap “sinergis” ayeuna mah si euceu téh.

“Ya, kudu sinergis,” omong Dulkonang bari kikiceupan. Sok resepeun mairan mun Maharani nyarita téh, tapi ari nu ditujulna mah kalah malieus.

“Naha tim kerja téh kudu pangurus partéy waé?” aya nu nanya kitu.

“Bébas, masing anu teu aktif di partéy gé meunang jadi anggota tim kerja mah,” témbal Drs. Oman. “Nya ari alusna mah urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun téh jeung papada pangurus partéy deui.”

“Itulah yang disebut bersinergi ku Seus Maharani,” Bung Alvert nambahan katerangan. Tuh apan béda, ari ka Bung Alvert mah Maharani téh terus manggut.

“Tugas tim kerja téh anu paling utama mah kumaha carana nyukséskeun kompanyeu. Sagala rupana éta téh jadi tanggung jawab masing-masing calon, tapi tangtu waé partéy gé bakal méré arahan. Pangpangna pisan mah palaksanaan kompanyeu teu meunang ngalanggar aturan. Naon waé anu teu meunang dilanggar salila ngayakeun kampanyeu, hal éta bisa dibaca dina buku petunjuk kompanyeu,” ceuk Drs. Oman.

Dina prakna, lolobana pangurus partéy téh jadi tim kerja Néng Loly Mulyawati. Pada hayang diajakan, ka dinya mah, da meureun geus kaerong buruhanana, najan sakumaha ceuk caritaan Dén Haji ulah hayang nangtukeun angka rupiana gé. Ari anu pangsaeutikna anggota tim kerja nyaéta Dulkonang. Manéhna mah ukur kabagian pasésaanana.

“Bapa mah rék milu ngarojong Dulkonang wé,” omong Pa Guru Elom, satutasna rapat réngsé.

“Nuhun atuh. Jadi ayeuna katambihan deui ku Bapa. Anu tos jelas badé mantuan di tim kerja abdi téh Tatang sareng Uwa Aléh. Duka tah nu sanésna mah,” omong Dulkonang, ngarasa atoh.

“Nya, sakitu gé cukup. Keur naon loba-loba teuing jalma,” ceuk Pa Guru.

“Ari Uwa mah, hayang mantuan téh, sabab calon nu ieu miangna tina seni-budaya titinggal karuhun.  Jadi sapantesna pisan mun Uwa milu ngarojong,” omong Uwa Aléh anu harita keur ngobrol jeung Dulkonang.

“Tapi, Uwa, abdi mah badé kompanyeu téh modalna gé ukur enol,” pokna.

“Keun baé. Sakatepina waé atuh. Urang mah teu kudu totorosol kawas batur,” omong Uwa Aléh.

“Barina gé urang mah kudu diajar, jeung kudu bisa némbongkeun yén teu kabéh ancrub kana pulitik kudu dibarengan ku ngawur-ngawur duit,” omong Pa Guru.

“Atawa loba jangji bari tara kungsi ditedunan. Matak giung Uwa mah ngadéngéna gé, Jang Guru,” Uwa Aléh mairan. “Heueuh tuda, Dul, Uwa mah hirup téh kaitung geus panjang. Ngalaman jaman Bung Karno, disambung ku Pa Harto, terus ayeuna cenah jadi jaman réformasi.”

“Mana nu matak genah tah, Wa?”

“Wuah, asa teu pati géséh, da. Mun ceuk dongéng sakadang monyét mah: atung-atung énéh aé. Ari pikeun rahayat pantar Uwa mah, nya geuning ukur bisa kieu wé hirup téh. Anu senang mah para pamingpin,” témbal Uwa Aléh.

“Leres da, Uwa, rayat mah ukur kabagian capéna seseringna mah,” ceuk Pa Guru.

“Nya kitu téa.” (nyambung)

            *Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *