Ku: Tatang Sumarsono
Sabot kitu, Drs. Oman kaluar, nepungan anu ngagonyok dina teras.
“Sok arasup! Urang dipotrét babarengan,” pokna.
Bereyek arasup, terus ngajajar hareupeun layar anu ngahaja dibéngbréngkeun. Ketua, sekretaris, jeung bendahara ngahapit tilu calon séjénna, diperenahkeun sina diuk dina korsi. Ari anu séjénna, anu mariluan dipotrét sina ngajajar.
“Anu di payun mah saéna nagog, Bapa-bapa,” ceuk tukang potrét …, aéh, fotografer.
“Uing mah hayang tukangeun Si Gégé dipotrétna,” ceuk Mang Itam.
“Sakali séwang atuh jeung uing,” omong Mang Koméng.
“Uwa Aléh mah kudu di dieu,” ceuk Dén Haji.
“Tah, enya. Uwa Aléh mah kudu gigireun Dén Haji, minangka kapetengan,” ceuk Mang Upang.
“Ah, silaing mah, Supang, ari ngomong téh,” ceuk Uwa Aléh.
“Lain kapetengan atuh, tapi senapati pamingpin jurit,” ceuk Bung Ketua.
“Bapa-bapa, Ibu-ibu, siap nya …. Satu, dua, tiga ….”
Jeprét, burinyay.
“Alhamdulillah,” mani raéng.
“Ayeuna ganti posisi,” ceuk fotografer deui.
Ramé deui ngatur posisi anyar. Bérés éta, terus waé motrétna pindah ka luar.
“Padahal mah, Dul, dipotrétna bari mawa jeujeur geura,” ceuk Mang Itam.
“Ah, piraku teuing potrét keur bahan kompanyeu bari mawa jeujeur sagala,” omong Bung Casun.
“Tapi itu bagus loh,” ceuk Bung Alvert.
“Tuh nya, bagus ceuk Bapa Cabang gé,” Mang Itam gancang némpas.
“Ari urang dieu loba nu resep nguseup?” Drs. Oman nanya.
“Nya réa atuh, Bung Doktorandus,” témbal Mang Koméng.
“Tah, lamun réa nu resep nguseup mah hartina bisa dipaké daya tarik tah, mun Bung Dulkonang difoto bari mawa jeujeur téh,” omong Drs. Oman.
“Iyah, saya gé setuju. Sok wé jieun poseu orang yang suka mancing,” ceuk Bung Alvert. “Pasti nu raresepeun nguseup akan tertarik.”
“Tapi da ayeuna mah teu mawa jeujeur jeung kojana gé,” omong Dulkonang.
“Ténang, aya di imah nu kitu mah,” omong Dén Haji.
“Ku Emang urang pangmawakeun. Disimpénna di mana, Dén?” ceuk Mang Upang.
“Tanyakeun ka Si Anih, Mang. Engké bawa jeujeur jeung kojana,” témbal Dén Haji.
Mang Upang ngaderegdeg ka imah Dén Haji. Ti sekretariat partéy téh da ukur kahalangan ku dua imah.
Teu kungsi lila geus puncengis deui, mawa jeujeur reujeung kojana.
“Tah, Dul. Sok geura éksyen deui,” ceuk Uding Margola.
“Har atuh éta mah kojana gé kosong,” ceuk Mang Itam. “Ari sugan koja nu geus pinuh ku lauk meunang nguseup.”
“Anggap wé ieu mah dipotrétna rék indit nguseup. Jadi tacan beubeunangan,” ceuk Dén Haji.
“Tapi, Dén, alusna mah dieusian heula lauk, ngarah engké urang beuleum ku saréréa,” ceuk Mang Koméng.
“Ah, ari rék maleuleum lauk mah, ngala wé engké sorangan,” ceuk Dén Haji.
“Alhamdulillah. Tuh, ti mana wé milik mah. Ayeuna bérés dipotrét téh apan bisa ngala lauk,” ceuk Mang Itam.
“Dén Haji téa, urusan balabah mah moal aya tandingna,” Mang Upang ngéngklokan.
“Heueuh lah, mani barisa ari geus muji téh,” omong Dén Haji. Banget atoh saenyana mah, dipuji kitu téh, da mémang kahayangna.
“Diuseup, diheurap ngalana téh, Dén?”
“Diheurap wé ngarah gancang. Terus urang langsung dibeuleum. Sakalian yeuh para fotografer urang suguhan,” témbal Dén Haji.
“Itu sebuah ide yang bagus,” ceuk Bung Alvert bari ngacungkeun jempol.
Dén Haji beuki beukah irungna.
“Ayeuna wé atuh ngaheurapna, nya? Keun, Emang anu turun ka balongna mah,” ceuk Mang Itam.
“Enya, jig atuh. Heurapna mah ngagantung dina palang panundaanana, gigireun babaléan,” témbal Dén Haji. “Ka Si Anih béjakeun, nyanguna tambahan deui, kituh! Bisi teu cukup. Mangkaning aya likurna meureun anu rék dalahar téh.” (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments