Ku: Tatang Sumarsono
Mang Itam unggut-unggutan. Laju pokna, “Heueuh, karék ngarti atuh ari kitu mah.”
“Tuh geuning nu rék dipotrétna geus siap,” ceuk Mang Upang.
“Rék di jero urang nempona?” Mang Itam nanya.
“Geus waé di dieu. Heurin mun urang ka jero mah. Jeung bisi ngagokan,” témbal Uding Margola.
Anu poko mah, anu rék dijieun potrétna téh anu opatan, nyaéta anu rék nyalon téa. Ngahaja meunang didangdanan. Komo Maharani mah, bangunna téh dangdanna ogé mani bébéakan. Malah bari jeung sababaraha kali ganti baju.
“Ayeuna busana muslim,” ceuk Drs. Oman, anu caritana mah minangka sutradarana. “Ieu téh ngahaja, supaya ibu-ibu pangajian ngarasa tertarik. Kadé, ibu-ibu pangajian téh kaasup poténsi anu ku urang kudu diraih saloba-lobana.”
Giliran Bung Océng ogé diatur sababaraha poseu. Aya anu ngacungkeun peureup, aya anu bangun rék ngajak sasalaman, aya anu jiga keur pidato. Pokona mah kabéh poseu gé aya hartina mun dipatalikeun jeung tujuan kompanyeu.
Néng Loly dipotrétna aya nu maké toga bari nyekelan ijasah.
“Ini merupakan tanda sebagai pribadi yang intelék,” ceuk Bung Alvert Gezuyla.
“Ya, urang mémang butuh ku calon anu jadi wawakil ti kalangan inteléktual,” omong Drs. Oman.
Atuh Dén Haji téh mani beukah-beukah waé irungna.
Réngsé dipotrét maké toga, Néng Loly ganti baju deui ku anu sarwa dines.
“Tah, mun ieu kaciri ti kalangan profésional,” ceuk Drs. Oman. “Jaman ayeuna mah apan kaom wanita teu éléh ku lalaki, sarua pada-pada boga kasempetan sangkan bisa asup ka dunya profésional. Tah, ieu nu disebut politik génder.”
“Naon euy, ari génder téh? Sarua jeung gendér?” omong Kang Samsu anu kaahlianana dina ngaput.
“Jéh, gendér mah atuh kaputan dina kasur,” ceuk Mang Koméng.
“Heueuh, kasur anu bahanna tina kapuk, anu sok maké gendér mah. Ayeuna mah geus langka, da umumna sok maraké kasur busa,” omong Mang Itam.
“Geus tong ngadiskusikeun kasur,” omong Bung Casun.
Giliran Dulkonang anu rék dipotrétna, ngahaja didangdanan maké iket, malah bari jeung ngajingjing calung.
“Bagus,” ceuk Bung Alvert. “Ini merupakan gambaran calon wakil rakyat yang betul-betul merakyat, dan betul-betul menjungjung tradisi.”
Dulkonang gé dipotrétna dina sababaraha gaya, malah aya anu keur ngigel sagala. Atuh nu narempokeun téh sareuri.
“Tah, gaya Si Gégé geus dibijilkeun, euy,” ceuk Uwa Aléh.
“Komo mun bari maén calung enyaan, nya? Pasti bakal leuwih alus dipotrétna,” omong Mang Koméng.
“Urang gé hayang ngajaran dipotrét atuh,” ceuk Mang Itam.
“Di luar wé urang mah dipotrétna,” ceuk Mang Upang. “Engké gé bakal geura.”
“Ah, kawas enya wé tukang potrétna bakal daékeun,” ceuk nu séjén.
“Nya daékeun waé meureun mun urangna mayar mah,” omong Uding.
“Mangkaning mayarna gé mahal mun dipotrét ku fotografer profésional mah,” Bung Casun ngéngklokan.
“Béda jeung mayar ka Bah Ali baréto, mayarna teu pati mahal, da ngarah katepi ku jalma leutik. Bisa dianjuk deuih, malah sok bisa dibayar ku béas da.”
“Kungsi deuih aya anu mayar ku peuteuy gé,” omong nu séjén. “Ah, ku Bah Ali mah sok ditampa wé. Malah ku urang tonggoh mah dibayarna ku hui. Matak geuning ari balik ngider motrétan téh mani sok angkaribung.”
Sabot kitu, sekretaris kaluar ti rohangan tempat pamotrétan.
“Tah, aya Néng Ulan,” ceuk Mang Upang.
“Aya naon, Mang,” omong Néng Ulan Subaikoh. “Hareudang ah, di lebet mah. Tuda lampu sorotna mani ageung.”
“Ieu, Néng, badé naroskeun. Pami nu araya di dieu ayeuna, tiasa mun ngiring dipotrét?” omong Mang Upang.
“Oh, kitu? Mangga, da ieu mah fotograferna tos dikontrak ku partéy,” témbalna. “Pasti da saur Bung Ketua gé badé aya sési pemotrétan sareng sadaya pangurus, kader, katut simpatisan.”
“Tuh nya, urang gé bisa dipotrét. Lain ukur anu rék nyalon wungkul geuning,” omong Mang Itam.
“Atuh hayang dipotrét mah, ieu wé ku HP, Mang,” omong Bung Casun.
“Ah, ku HP mah leutik gambarna gé. Hayang ngajaran wé dipotrét ku kaméra gedé kawas itu,” omong Mang Itam.
“Nyaho rék dipotrét mah, meureun déwék tadi téh maké heula calana pangsi,” ceuk Uwa Aléh.
“Tah, enya geura, Uwa. Dipotrétna alus pisan mun maké pangsi mah,” ceuk Mang Upang.
“Komo mun bari nyorén bedog panjang,” omong nu séjén.
“Jih, montong mawa bedog. Teu meunang. Kuriak waé ditéwak ku nu berwajib atuh,” omong Uwa Aléh.
“Enya, Uwa, mun nyaho rék dipotrét mah, abdi gé hayang bari mawa Si Beton,” ceuk Kang Ayut.
“Si Beton anu kamari diadukeun di Babakan Nyingkur téa, Ayut?” ceuk Uwa Aléh.
“Enya, Uwa. Apan ngan ukur juhlas teunggaran, musuhna terus wé ngajéngjéhé,” témbal Kang Ayut.
“Ah, tong mawa domba atuh, ari dipotrét pikeun kaperluan partéy mah,” omong Uding Margola.
“Enya, sok Anéh-anéh waé Si Kang Ayut mah, ah,” ceuk Bung Casun.
Kang Ayut ukur ngahéhéh. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments