Ku: Tatang Sumarsono
Dulkonang ukur ngahéhéh.
“Nya ari geus jinek kitu mah, ayeuna rék amitan wé atuh,” pokna.
“Rék ka mana, Dul?”
“Aya konéng jeung laja bajongeun di kebon bogana Pa Kuwu Hurmat,” témbal Dulkonang. “Malah mun aya modalna mah rék sakalian ngabajong jahé, meungpeung hargana keur lumayan.”
“Naha ari énté teu boga modal, kitu?” Dén Haji nanya.
“Aya, ngan di laluar kénéh, Dén Haji. Paling-paling ngumpulkan kana saminggu deui. Meureun jahéna kaburu dibajong ku bandar séjén.”
“Yeuh, paké heula duit déwék atuh,” ceuk Dén Haji. “Kira-kira butuh sabaraha keur mayar jahé nu rék dibajong ku énté ayeuna?”
Dulkonang nyebutkeun angka.
“Geuning gedé, euy. Teu mawa ari sakitu mah. Tapi, jig wé cokot ka imah.”
“Ka Bu Haji?” Dulkonang gasik nanya.
“Heueuh, nya ka saha deui. Jig wé cokot ku sorangan, ari butuhna sakitu mah. Keun pamajikan ku sayah rék ditelepon heula ayeuna. Ngan peupeujeuh, mun duit énté geus ngumpul, gancang-gancang bayar, nya.”
“Nya pasti atuh, Dén.”
“Heueuh. Jig atuh cokot ayeuna. Bisi Bu Hajina kaburu indit ka pangaosan,” omong Dén Haji.
Dulkonang gura-giru indit ka imahna Dén Haji.
“Enya, kudu mindeng dicombo Si Dul mah,” ceuk Bung Ketua.
“Apan kitu. Sayah mah geus apal kana adatna. Ari sayah mah mujina ka éta téh lantaran ku jujurna, jeung tara cidra kana jangji,” walon Dén Haji.
“Jeung pasti bakal jadi daya tarik mun manéhna maju jadi calon ti partéy urang mah.”
“Mémang ku sayah gé geus diitung tepi ka dinya.”
“Calon ti partéy urang mah bervariasi. Si Dul minangka tipeu wakil ti golongan rayat gé apan ngahaja sina maju jadi calon,” omong Bung Ketua. “Pokona mah kudu diusahakeun sangkan Si Dul bisa ngadongkrak beubeunangan sora dina Pemilu.”
“Enya, geus tepi ka lebah dinya nu diitung téh.”
***
Profésional. Kitu sesebutanana gé, juru potrét anu rék nyieunan foto bakal calon pikeun kaperluan kompanyeu téh. Datangna gé mani angkaribung, jaba deuih lain sorangan. Aya lampu sorot galedé anu maké tihang, terus deuih layar rupa-rupa gambar.
Ti dagoan ti isuk-isuk kénéh, ari jolna geus rada beurang. Harita, anu ngumpul di sekeratriat téh mani ngagimbung. Sugan wé milu kapotrét, cenah.
“Béda ari tukang potrét ti kota mah,” ceuk Mang Koméng. “Pakakasna ogé mani loba, jaba kabelna mani pakuranteng. Asa rék aya dangdutan.”
“Ah, sok ka mana karep maké jeung asa rék aya dangdutan sagala. Éta mah kabel pikeun lampu, lain jeung ngahirupan spiker,” témbal Uding Margola.
“Jeung lain tukang potrét atuh éta mah, Semang,” Bung Casun mairan.
“Naon atuh? Sidik tukang potrét,” omong Mang Koméng.
“Nu kieu mah disebutna fotografer. Ari tukang potrét mah anu sok ngider ka lembur, mapay ka saban golodog, nanawarkeun bisi aya nu hayang dipotrét,” témbal Bung Casun.
“Ari sugan éta-éta kénéh,” omong Mang Upang.
“Nya béda atuh. Ari tukang potrét mah amatir. Mun fotografer disebutna profésional,” nerangkeun, asa pangnyahona.
“Tukang potrét mah kawas Bah Ali geuning. Baréto sok aya ngider ka lembur urang. Resep tah jadi tukang potrét mah, remen diriung-riung mojang,” ceuk Mang Itam, bari ngahéhéh.
“Enya, inget ayeuna mah, Bah Ali,” Mang Koméng gancang némpas. “Emang gé baréto kungsi ménta dipotrét da, keur nungtun sapi.”
“Alus hasilna?” Bung Casun nanya.
“Nyéta, cenah kalah ka kabakar. Harita téh dipotrétna keur tengah poé ngabebetrak,” témbal Mang Koméng. “Singhoréng ku panonpoé mah bisa kabakar nya mun urang dipotrét téh.”
“Éta mah teu bisaeun wé. Mun bener ngaturna mah, moal tepi ka kabakar,” omong Bung Casun deui.
“Ieu téh dipotrétna rék di mana, cenah?” Mang Upang nanya.
“Nya di jero kantor, anu matak alat-alatna dipasang di jero gé. Tuh, nu rék dipalotrétna gé ayeuna keur didangdanan di rohangan tempat ketua,” témbal Uding.
“Mani didangdanan sagala nya, ari dipotrét keur bahan dina kompanyeu mah,” ceuk Mang Itam. “Asa rék jadi deui pangantén meureun, mun didangdanan kitu mah.”
“Apan ngarah pantes. Apan potrét jualeun éta mah,” témbal Bung Casun.
“Har, baruk potrétna engké téh rék dijual?” Mang Itam nanya semu héran.
“Ah, Si Emang mah. Maksud dijual téh nyaéta pikeun dipasang dina poster atawa spanduk, terus ditapel-tapelkeun di rupa-rupa tempat anu strategis, misalna waé di pasar, di terminal, jeung di jalan anu remen jadi liliwatan kendaraan umum. Tah, anu narempo éta potrét téh kudu ngarasa kataji, terus engkéna nyoblos gambarna dina Pemilu. Éta téh disebutna dijual. Apan kitu nu disebut kompanyeu,” ceuk Uding Margola. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments