Ku: Tatang Sumarsono
“Kasebutna gé berpartisipasi dina urusan pulitik apan,” ketua milu mairan. “Ari berpartisipasi dina urusan pulitik, apan ka dituna téh berpartisipasi dina urusan kanagaraan. Batur mah ngabéla ka nagara téh bélaan ngorbankeun nyawa geuningan, sakumaha dina jaman perang baheula, waktu ngarebut kamerdékaan bangsa. Ari urang ayeuna mah geus teu kudu kitu, tapi cukup ku milu aub ka partéy, saluyu jeung démokrasi.”
“Énté ngarti apan kana nu dimaksud démokrasi, Dul? Apan basa dina rapat kahiji geus dibahas ku wawakil ti pangurus cabang,” ceuk Dén Haji.
Dulkonang kalah ngahuleng heula, tapi terus pok, “Nyéta, Bung Ketua, bisi kalah ka lebar-lebar duit dipaké nyalon, ari hasilna bet jeblog. Apan lebar duit lin, nu kitu téh?”
“Mikirna tong ka dinya geura, Dul,” ceuk ketua.
“Enya, énté mah tuda cara-cara balantik kékétrékan bet disaruakeun jeung aktif di partéy. Masing kalah kumaha gé jauh bédana, Dul. Aktif di partéy mah apan pengabdian, najan urang kudu boborot ngaluarkeun waragad. Kadé, mun énté miluan nyalon, hartina énté téh geus meunang kahormatan dina prosés berbangsa jeung bernegara,” omong Dén Haji.
“Ah, tacan ngarti, atawa teu ngarti urusan nu kararitu mah,” ceuk Dulkonang.
“Tah, ku sabab énté tacan ngarti, hiji mangsa gé bakal ngarti. Jadi ayeuna mah mending gugu waé pamanggih Bung Ketua,” omong Dén Haji deui.
“Nya, ari geus kitu kuduna mah atuh,” omong Dulkonang. “Ngan abdi mah rék balaka ti ayeuna kénéh, ceuk paribasana moal rék ngaluarkeun modal sapérak gé. Paling-paling anu bisa dipigawé téh dina ngararamékeun partéy hungkul. Keun baé ceuk batur modal dengkul gé.”
“Teu nanaon, Dul,” ketua gancang némpas. “Keun waé teu ngaluarkeun duit gé. Malah ku sayah mah rék diumumkeun yén anu nyalon ti partéy urang ukur ngandelkeun kahayang wungkul, nyaéta hayang mengabdi demi kepentingan bangsa.”
“Disebut kahayang, da teu hayang-hayang teuing, Bung Ketua,” Dulkonang nambalang deui.
“Éh, silaing mah. Matak naon atuh maju jadi kandidat téh kahayang sorangan, da teu matak rugi ieuh,” omong Dén Haji.
“Kadé, tong nyebut teu hayang-hayang teuing, Dul,” ketua mairan.
“Enya atuh. Urang sebutkeun wé yén abdi daék maju jadi bakal calon téh ku sabab kahayang sorangan,” omong Dulkonang.
“Tah, kitu atuh, euy,” ceuk Dén Haji. “Geus waktuna rayat téh boga kahayang. Ulah ngan dijejelan waé ku anu ti luhur. Éta pangna ayeuna sayah miluan aktif di partéy.”
“Nya tuda ari Dén Haji mah kari naon deui, rajakaya mani sakitu ngaleuyana,” omong Dulkonang.
“Lain sual éta, Dul, anu ngajurung sayah miluan martéy mah, tapi sakumaha ceuk Bung Ketua bieu, demi mengabdi kepada bangsa,” omong Dén Haji.
“Tah kitu, Dul, geuning mani sakitu écésna. Tangtu bakal jadi daya tarik pikeun partéy urang. Dina waktuna para bakal calon ti partéy batur parebut hayang maju, bari ngabélaan ngawur-ngawur duit heula, tah ti partéy urang sabalikna. Bakal calon anu maju téh asli ti kalangan rayat, bari ukur ngandelkeun sumanget jeung kahayang wungkul. Hébat, lin?” omong ketua.
“Pasti hébat,” Dén Haji ngéngklokan.”Hartina, partéy urang mah enya-enya napak dina kahirupan rayat, bisa ngawadahan kahayang rayat, tur cita-citana pikeun kapentingan rayat. Atuh dina berjuangna gé maké cara-cara anu ngarayat. Mémang bener ceuk Bung Ketua, éta bakal jadi daya tarik. Dina waktuna para calon jor-joran hayang kapilih bari ngaluarkeun modal gedé, ari énté mah, Dul, justru teu ngaluarkeun modal. Pasti bakal jadi niléy pleus tah.”
“Nya meureun,” ngan sakitu Dulkonang ngucapna.
“Lain meureun atuh, tapi pasti. Pasti boga niley pleus, pasti jadi daya tarik, jeung pasti bakal mampuh ngumpulkeun sora ti nu milih saloba-lobana,” ceuk Dén Haji. “Anu matak, kacida lebarna mun énté ngundurkeun diri tina pencalonan.”
Dulkonang unggut-unggutan.
“Catet tah omongan Dén Haji bieu, Dul,” ceuk ketua.
“Tapi kumaha deuih lamun dina engké prakna kompanyeu, meureun kudu ninggalkeun dagang,” ceuk Dulkonang sanggeus rada lila ngabetem.
“Maksud énté sieun eureun tina pakasaban, terus teu bisa nyumponan kawajiban ékonomi ka kulawarga, mangkaning pamajikan énté mah aya dua? Heueuh, kitu nu aya dina pikiran énté téh, Dul?” Dén Haji nanya.
Dulkonang unggeuk.
“Tong salempang. Apan ti partéy gé pasti aya anggaran pikeun sing saha baé anu jadi aktor dina kompanyeu,” ceuk Dén Haji deui.
“Tah, jelas ayeuna mah nya, Dul? Mun énté keur manggung dina kompanyeu, najan tangtu bakal ninggalkeun heula pakasaban sapopoé, tapi apan ku partéy gé moal diantep. Pasti disadiakeun anggaran pikeun buruh capé,” omong Bung Ketua.
“Jeung sayah gé moal cicingeun atuh, Dul,” omong Dén Haji. “Apan sayah wawuh jeung énté téh lain karék sakatiga.”
“Nya ari kitu onamanan atuh,” omong Dulkonang.
“Pokona mah puseurkeun heula perhatian kana pelantikan pengurus, terus engké urang sambung ku program bakti sosial pikeun narik simpati rayat. Geus kitu, dina geus datang usum kompanyeu, urang téh kari der wé,” omong Bung Ketua.
“Bakal calon ti kacamatan urang aya opat. Kadé sing inget, Dul. Kudu diperjuangkeun sangkan opatanana meunang sora, jeung kabéh lolos ka DPRD. Atuh dina teu kabéhna gé, matak naon duaan wé. Tuh apan hébat, najan urang ukur ngokolakeun partéy anyar, tapi bisa nyaruaan partéy anu geus heubeul.”
“Tapi meureun bakal calon téh kudu boga baju seragam, nya?” ceuk Dulkonang.
“Cémén atuh, pira gé baju seragam. Urang nyieun opat setél séwang,” témbal Dén Haji.
“Ari bangsaning spanduk jeung umbul-umbul, kumaha tah?” Dulkonang nanya deui.
“Geus tong mikiran nu kitu. Nyaho aya wé,” témbal Dén Haji. “Pék énté nyieun foto nu alus poseuna keur bahan dina spanduk jeung poster. Engké urang pasang-pasangkeun di tempat anu sok jadi pamungpungan jalma réa.”
“Anu ulah mah foto keur kilir wé, bisi matak jadi bancang pakewuh,” ceuk Bung Ketua bari seuri. (nyambung)
* Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawanan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments