Ku: Tatang Sumarsono
Aklamasi. Kitu ceuk démokrasi. Océng Sukapamér kapilih jadi Ketua Parsaman—singgetan tina Partéy Salam Manis, dina susunan kapangurusan anak cabang, atawa sarua jeung tingkatkacamatan. Mémang geus diprédiksi bakal kitu, da teu katoong aya saingan.
Mulus, ngageleser. Lir tikoro neureuy ager.
Kitu prosésna, waktu Océng kapilih jadi ketua partéy.
Katurug-turug deuih manéhna pisan anu mimiti ngokojoan, sarta daék kancad-kincid nepungan sawatara jalma anu katulup bakal daékeun diajakan rubung-rubung dina partéy. Océng anu pangheulana dipercaya ku pangurus cabang pikeun jadi tutunggul partéy di tingkat kacamatan. Manéhna dibéré pancén pikeun mokalan ngadegkeun kapangurusan anak cabang. Apan ayeuna keur kitu usumna, dug-deg rupa partéy pulitik—anu cenah pikeun ngamalirkeun aspirasi balaréa, enggoning ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara.
“Ulah saréréa teuing ukur semet bebekukan dina leutak, atawa balantik kékétrékan, atawa ukur buburuh atuh,” ceuk Océng dina uar pangajakna. “Kudu aya anu sadar tur daék ancrub kana pulitik, sangkan ieu bangsa jeung nagara adil ma’mur, saluyu jeung cita-cita Proklamasi 1945.”
Aya sawatara urang anu ngarasa kataji, boh geus enya-enya ngarti boh cukup ku api-api geus ngarti. Nu penting mah bisa kaajakan di partéy. Geuning batur gé loba anu terus bisa nga-DPR-an.
Dina riungan harita, anu hadir téh rupa-rupa kasang tukangna, kumaha ilaharna masarakat di padésaan. Teu kabéh nu diondang bisa datang, da réa anu keur aya halangan. Tapi ceuk katangtuan rapat anu diterangkeun ku wawakil ti pangurus cabang, jumlah nu hadir téh dianggap geus nyumponan, najan ukur wewelasan.
Océng kaasup kana kelompok warga anu darpul, alias sadar pulitik. Manéhna kungsi jadi aparat désa, anu matak rada apal kana kaayaan masarakat sabudeureunana, hususna sawewengkon désana. Ku ancrubna kana pulitik, Océng naék status jadi tokoh kaliber kacamatan.
“Bung Oceng merupakan tokoh yang tepat,” koméntar Alvert Gezuyla, pangurus cabang anu dibéré pancén mingpin rapat tingkat kacamatan.
Tuh apanan, ayeuna mah sesebutanana jadi “Bung Océng”. Da kitu cenah ilaharna di dunya pulitik mah. Sesebutan “Bung” dianggap leuwih merenah, sabab ngagambarkeun pribadi dina hiji perjuangan bangsa, tur nuduhkeun tingkatan anu satata. Hanas aya anu miluan kana pulitik tapi embungeun disebut “Bung”, nya teu nanaon. Éta mah kumaha ceuk pangabogoh masing-masing.
“Ari lengkepna kapangurusan kudu disusun ayeuna?” Wan Uzéd Saruzad—cenah mah turunan Pakistan, pagawéan sapopoéna dagang minyak seungit di pasar, ngasongkeun pertanyaan.
“Pasti kudu ayeuna. Kudu réngsé peuting ieu kénéh, sabab isukan kudu geus dilaporkeun ka pangurus pusat,” témbal Drs. Oman Rochman, M.M.Pd.—sarua deuih utusan ti cabang; bérégégéh jeung tara lésot ti dasi, jeung ka mamana sok mawa tas écolak.
“Okéh mun kudu kitu. Jadi urang béréskeun ayeuna waé,” omong Bung Océng.
“Enya, mending ayeuna, meungpeung ngumpul,” Drs. Oman nandeskeun, laju ngitung pamilon rapat anu harita ngariung di imah Dén Haji. “Salapanlas jalma,” pokna deui.
“Anu saurang mah ulah diitung. Apan ari Si Ceu Anih mah ukur purah nyadiakeun susuguh,” aya anu nyelengkeung.
“Teu bisa kitu, Bung,” Drs. Oman rikat megat kalimah. “Dina démokrasi mah angger kudu sarua diitung, najan di dieuna ukur purah bulak-balik ka dapur gé. Jeung deuih kajeun teuing awéwé, sarua waé, sabab dina pulitik mah harkatna sarua jeung lalaki. Kadé, Bung, urang kudu inget kana génder,” pokna, sumanget, bari pepeta. “Pokona, wanmén wanput.”
Pamilon rapat loba nu calangap. Nya heueuh, anu sapopoéna ukur leledokan di sawah, atawa buburuh satimu-timuna, atawa balantik leuleutikanan, ari pék ngadéngé istilah pulitik: wanmén wanput. Tapi, da kitu cenah ari kasebutna rapat partéy mah—heueuh, partéy pulitik, pasti aya wé sesebutan ahéng téh. Lamun miluan rubung-rubung papartéyan, kudu daék nuturkeun majuna jaman. Éta pangna anu marilu di partéy mah sok jadi lega wawasan, cenah.
“Silaing ngarti, naon maksudna?” Mang Koméng anu nyempod di juru ngaharéwos ka anu diuk gigireunana.
“Nyao teuing. Tanyakeun atuh ku silaing,” sarua némbalanana gé ngaharéwos, tapi teu burung kadéngéeun ku anu boga hadas.
“Aya naon?” Drs. Oman rada nyureng. “Teu ngarti kana maksud omongan sayah?”
“Enya, teu ngarti abdi mah, Bung Doktorandus,” témbal Mang Koméng.
Drs. Oman rada molotot, duméh ukur disebut gelarna wungkul, bari jeung ukur sapotong deuih. Apan Si Bung nu éta mah, kudu disebut lengkep jeung ém-ém-pé-dé sapuratina, da cenah hasil hésé capé kuliah, bari waragadna béak puluhan juta.
“Yeuh, ari wanmén wanput téh hartina saban jalma sarua pada-pada boga hak pilih, taya anu diiwalkeun, da ari démokrasi mah apan teu pilih kasih, kabéh ogé dianggap satata. Pokona saban jalma rata hakna, rék diréktur ték tukang bajigur,” Bung Alvert nerangkeun.
“Teu di hurang teu di keuyeup. Kitu meureun, Mang Koméng,” Mang Itam nyelengkeung.
“Meugeus tong los-los kana hurang jeung keuyeup, da lain keur ngabedahkeun balong ieu téh,” nu séjén ngéngklokan. “Sok teruskeun deui, Bung Ketua, saha waé di antara urang-urang anu bakal dijenengkeun pangurus partéy.”
“Enya urang teruskeun, ngarah buru-buru bérés,” omong Océng Sukapamér. “Sekretaris rék dibikeun ka Dén Haji, jabatan bendahara sina dicekel ku Ulan Subaikoh. Satuju?”
“Tibalik,” Uding nyelengkeung.
“Tibalik kumaha, Bung?” Bung Alvert rikat nanya.
“Enya, tibalik. Kuduna Dén Haji anu jadi bendahara, sekretaris pantesna dijabat ku Neng Ulan,” témbal Uding.
“Naon alesanana, Bung?”
“Yeuh, di mamana gé sekretaris mah pantesna awéwé. Jaba deuih Néng Ulan mah bisaan ngajalankeun komputer. Lain kitu, Bung Alvert, ari sekretaris mah kudu ahli kana bangsaning prugrum-program digital? Tah, ari Dén Haji, apanan geus kauji dina urusan nyekel duit, kana cutat-catetna lancar, nyaéta waktu nyekel proyék ngaréhab pos kamling jeung ngoméan jalan désa. Jeung deuih anu paling penting, Dén Haji mah tara hararésé mun kudu diinjeuman atawa ngagalang naon rupaning kakurangan waragad, malah tepi ka nombokanana pisan. Bendahara mah kudu dicekel ku jalma anu henteu itungan, sangkan kagiatan bisa lancar. Satuju mun kitu?” (nyambung)
Comments