Kolom Sosial Politik

Hard Rock FM Bandung, Pileuleuyan …

0

 

Ku: Ridhazia

HARD Rock FM anu dina sawatara taun ka tukang leuwih dipikawanoh minangka The Rockin’ Life FM, resmi ngeureunkeun siaran radio analogna dina frékuénsi 87.7 FM dina Jumaah, 29 Méi 2026.

Radio anu geus akrab dina ceuli nonoman Bandung salila ampir saparapat abad éta, kiwari sapinuhna ngalaksanakeun siaran sacara digital. Teu deui ngagunakeun sistem analog saperti nu salila ieu dipikawanoh ku para pangdéngéna.

Momen siaran pamungkas lumangsung pinuh ku rasa haru. Dina vidéo anu diunggah ku akun Instagram @therockinlife.bdg, sajumlah penyiar, produser, jeung kru katempo ngariung di studio saméméh siaran dipungkas.

CHR

Salila ieu, Hard Rock FM Bandung dipikawanoh minangka radio ikonik tur legendaris. Malah boga posisi anu husus lantaran ngusung format Contemporary Hit Radio (CHR), nyaéta ngahijikeun lagu-lagu populér jeung gaya hirup urban. Ayeuna, radio ieu muka babak anyar dina lalampahan panjangna.

Bayangkeun waé, gaya nyarita para penyiarna énerjik tapi tetep santai. Maranéhna henteu ngan saukur muterkeun lagu, tapi ogé jadi pituduh gaya hirup pikeun para pangdéngé. Mimiti tina tren busana, béja selebritas, téknologi, nepi ka pilem-pilem panganyarna.

Leuwih ti éta, tina sakitu lobana radio siaran di Bandung, Hard Rock FM Bandung kaasup anu pangdeukeutna kana rupa-rupa kacenderungan anyar dina industri musik global.

Malah, Hard Rock FM Bandung kacida dominanna dina nyuguhkeun lagu-lagu anu keur naék daun tina rupa-rupa genre, saperti Pop, Hip-Hop, R&B, Electronic Dance Music (EDM), nepi ka Pop-Rock. Pileuleuyan …*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.