Ku: Ridhazia
KAMBING jeung domba remen kaganti dina pamahaman masarakat. Padahal, éta dua téh spésiés sato anu béda, sanajan sarua ilahar dipaké pikeun kurban dina Idul Adha.
Kambing (Capra hircus) miboga buntut nangtung, buluna lempeng, sarta resep kana daun-daunan.
Kaunggulan kambing nyaéta cocog pikeun nu hayang ngonsumsi daging anu kadar gajihna leuwih handap.
Sedengkeun domba (Ovis aries) miboga buntut ngajuntay ka handap, buluna kariting atawa gimbal, sarta kaasup sato anu daharna jukut (grazing).
Domba miboga awak anu leuwih gedé, ku kituna ngahasilkeun daging leuwih loba. Téktur dagingna ogé leuwih hipu, sahingga leuwih gampang diolah jeung dikonsumsi.
Anjuran Kurban
Sacara umum, domba dianggap leuwih utama (afdhal) tibatan kambing biasa, sanajan duanana sarua sah pikeun dijadikeun kurban.
Numutkeun pamadegan para ulama, utamana dina Mazhab Syafi’i, hal éta ditilik tina kualitas dagingna sarta kabiasaan Rasulullah SAW anu remen ngalaksanakeun kurban ku domba jalu.
Hiji Pikeun Saréréa
Sanajan kurban dilaksanakeun atas nami hiji jalma, pahala jeung berkahna bisa diniatkeun pikeun sakulawarga, kaasup pikeun anggota kulawarga anu geus maot.
Dina hakékatna, kurban lain ngan ukur ibadah individual, tapi ogé mangrupa wujud kanyaah, kabersamaan, jeung solidaritas kulawarga dina ngahontal ridho Allah SWT.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments