Kolom Sosial Politik

Naon Sababna Yamamoto Ngawasitan Persib Lawan Persija?

0

 

Ku: Ridhazia

WASIT  asal Jepang, Yudai Yamamoto, sacara husus ditunjuk ku PSSI pikeun mingpin laga antara Persija Jakarta jeung Persib Bandung di Stadion Utama Gelora Bung Karno (SUGBK), Saptu  12 Séptémber 2026.

Lalaki Jepang kalahiran Kyoto taun 1983 anu kungsi jadi tentara éta lain jalma anyar pikeun skuad Persib jeung Persija. Manehna geus dua kali mingpin laga antara Persija Jakarta jeung Persib Bandung.

Dina Super League 2026/2027, Yamamoto mingpin pertandingan di GBK, Saptu 12 Séptémber 2026, anu dimeunangkeun ku Persija ngalawan Persib kalayan skor 2-1. Saméméhna, anjeunna ogé jadi wasit dina Semifinal Piala Presiden 2026, nalika Persib Bandung unggul 2-1 ngalawan Persija.

Sarat Gengsi

Yudai Yamamoto dipasihan tugas mingpin laga Persija Jakarta ngalawan Persib Bandung lantaran pertandingan ieu dianggap sarat gengsi jeung miboga tingkat rivalitas anu luhur. Kaayaan kitu merlukeun wasit anu bisa mimpin sacara nétral salaku pangadil di lapangan.

Laga anu dilabélan El Clasico Indonesia ieu ogé dianggap miboga tingkat inténsitas jeung émosi anu kacida luhurna, boh pikeun dua tim boh pikeun para suporterna.

Salian ti boga lisénsi FIFA ti taun 2011, Yudai Yamamoto ogé geus jadi wasit profésional ti taun 2008. Inyana  geus mingpin leuwih ti 485 pertandingan di rupa-rupa level luhur, kaasup AFC Champions League jeung kompetisi kasta pangluhurna dina persepakbolaan nasional Indonesia.

Murah seuri

Yudai Yamamoto dipikawanoh minangka wasit sepak bola anu miboga sikep ramah. Sanajan aya dina kaayaan tekanan, anjeunna mindeng katempo murah seuri, empatik, tenang, jeung ramah dina nyieun kaputusan.

Dina ngalaksanakeun tugasna, Yudai Yamamoto dipikawanoh lemes tapi tegas, obyéktif, sarta adil. Malahan, manehna  diajar husus basa Indonesia sangkan bisa ngarti kana rupa-rupa palanggaran verbal, kaasup cacian atawa makian, anu kadéngé di lapangan héjo. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.