Kolom Sosial Politik

Lolok Bali, Naon Tea?

0

 

Ku: Ridhazia

JAUH  tina anggapan lolobana  pendatang ti luar Bali, cindéramata wangun sirit jelema  tetep waé matak ngondang imut. Malah eureun ogé nimbulkeun pananya.

Padahal saenyana, karajinan kai wangun sirit anu dipikawanoh ku sebutan lolok téh miboga akar budaya, spiritual, jeung filosofis anu kacida jerona pikeun masarakat Bali.

Kecap lolok asalna tina hiji barang sajarah anu ilaharna disebut lingga dina ajaran agama Hindu. Lingga mangrupa salah sahiji atribut pangkuatna tina déwa pangluhurna, anu mindeng dipatalikeun jeung Dewa Siwa.

Hargana gumantung kana ukuran.

Cindéramata lolok has Bali ieu dijual dina kisaran harga Rp10.000 nepi ka Rp100.000, gumantung kana jenis jeung ukuran barangna.

Lolok anu ukuranana panjang jeung gedé tangtu hargana leuwih mahal tibatan anu leutik jeung mungil, anu ukuranana kawas sirit budak leutik anu kakara disunatan.

Sanajan kitu, lolok leutik mah malah katingal leuwih lucu lamun dikoléksi pikeun gantungan konci, lantaran ku para pangrajin dibéré rupa-rupa warna. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.