Ku: Budi Setiawan
NGARAN B.J. Habibie ayeuna jadi bahan deui dina perdebatan pulitik. Kiwari Présidén Katilu Républik Indonésia téh diséréd kana polemik ijazah pendidikan Wakil Présidén Gibran Rakabuming Raka. Politikus Partéy Solidaritas Indonésia (PSI), Sigit Widodo, ngaliwatan akun X-na ngabandingkeun riwayat pendidikan Habibie jeung polemik ijazah Gibran. Saukur ditingali mah, éta babandingan téh siga nu asup akal. Tapi, lamun ditalungtik leuwih taliti, aya masalah logika anu jadi pasualan poko.
Sigit ngajelaskeun yén Habibie ngan genep bulan kuliah di Bandung saméméh neruskeun pendidikan ka Jérman. Satuluyna, anjeunna meunang gelar Diplom-Ingenieur ti RWTH Aachen, diteruskeun ku gelar Doktor-Ingenieur ti paguron luhur anu sarua. Sigit tuluy nyindiran, lamun ngagunakeun logika anu dipaké ku Denny Indrayana dina ngamasalahkeun pendidikan Gibran, Habibie ogé bisa dianggap teu boga ijazah sarjana.
Di dieu ayana pasualan. Naha dua kasus éta enya-enya bisa dibandingkeun?
Habibie mémang henteu ngaréngsékeun pendidikan téknikna di Bandung. Tapi, anjeunna neruskeun studi ka Jérman nepi ka meunang gelar akademik tingkat lanjut. Riwayat pendidikanna henteu eureun ngan ukur dina genep bulan kuliah di Indonésia. Anjeunna ogé ngawangun reputasi internasional ngaliwatan kaahlian rékayasa téknologi jeung kiprahna dina industri dirgantara.
Sabalikna, polemik Gibran patali jeung dokumén pendidikan tingkat SMA anu dipaké dina prosés penyetaraan pikeun nyumponan sarat nyalonkeun diri jadi wakil présidén. Dina pertimbangan perkara anu ditepikeun ka Mahkamah Konstitusi (MK), dokumén mangrupa certificate of attendance ti UTS Insearch, Australia, dipasualkeun lantaran éta dokumén ngan ngajelaskeun yén nu ngaranna kacatet kungsi hadir, lain ngabuktikeun yén manéhna geus hasil ngaréngsékeun hiji jenjang pendidikan.
Dua pasualan ieu écés béda. Henteu ngaréngsékeun kuliah di hiji paguron luhur lain hartina hiji jalma teu boga kualifikasi akademik. Sabalikna, ngan saukur milu kuliah atawa program persiapan ogé henteu otomatis ngabuktikeun yén hiji jalma geus lulus dina jenjang pendidikan nu tangtu.
Di dieu analogi anu ditepikeun ku Sigit pantes dikritisi. Sigit nyokot hiji bagian tina lalampahan pendidikan Habibie, tapi henteu méré tinimbangan anu nyukupan kana kalanjutan studi jeung kahontalna prestasi akademik Habibie. Dina dunya nalar, cara saperti kieu disebut cherry picking, nyaéta milih fakta anu ngarojong kacindekan anu dipikahayang, bari teu maliré fakta séjén anu sabenerna penting pikeun maham pasualan sacara gembleng.
Tangtu waé, pangalaman Habibie teu bisa dijadikeun hiji-hijina ukuran pikeun meunteun pendidikan unggal pajabat. Tapi, ngaran gedé Habibie ogé teu sakuduna dijadikeun taméng argumentasi pikeun ngajawab pasualan administratif anu béda. Sarua-sama ngagunakeun kecap “ijazah” henteu otomatis ngajadikeun dua kasus miboga substansi anu sarua.
Kitu deui perkara kapasitas intelektual. Habibie miboga tapak lacak akademik jeung profésional anu kadokuméntasikeun, sedengkeun Gibran miboga lalampahan pendidikan, bisnis, jeung pulitikna sorangan. Ngabandingkeun duanana kudu dumasar kana bukti anu luyu, lain saukur dumasar kana asumsi.
Sabenerna, pasualan ieu nguji konsistensi argumentasi Sigit. Lamun dokumén pendidikan Gibran dipasualkeun, jawabanana kudu ngarujuk kana dokumén, katangtuan hukum, jeung fakta anu kaungkab dina persidangan. Lain ku cara mawa Habibie kana éta perdebatan, saolah-olah pangalaman pendidikan duanana bisa silih ganti.
Pulitik mémang merlukeun argumentasi. Tapi, argumentasi anu séhat teu diwangun ku cara motong-motong fakta sangkan luyu jeung kacindekan anu dipikahayang. Komo deui lamun ngaran tokoh gedé dipaké pikeun nyamunikeun bédana pasualan.
Habibie teu kudu direndahkeun pikeun ngabéla Gibran. Gibran ogé teu kudu dibandingkeun jeung Habibie pikeun ngajawab polemik ijazahna. Anu diperlukeun ku masarakat téh lain analogi anu ngahudangkeun keprok ti pihak nu ngarojong, tapi katerangan anu asup akal, gembleng, sarta bisa diuji bebeneranana.*
*Budi Setiawan, pemerhati sosial jeung pulitik, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran Bandung, Jawa Barat*



































Comments