Ku: Ridhazia
INDONESIA miboga 3.833 urang superkaya alias suoerjegud kalayan kakayaan bersih sahenteuna US$30 juta atawa kira-kira Rp450 milyar dina taun 2026.
Diprediksi, jumlah jalma superkaya éta bakal ngalésot nepi ka 82%, jadi 6.966 urang dina taun 2031. Indonésia ogé diperkirakeun jadi salah sahiji nagara anu panggancangna tumuwuh populasi jalma superkayanya di dunya.
Malah, para superkaya ti Indonésia kaasup kana kategori Ultra-High-Net-Worth Individuals (UHNWI), nyaéta kelompok jalma anu miboga kakayaan bersih kacida gedéna, sahenteuna US$30 juta atawa kira-kira Rp480–540 milyar.
Coba bayangkeun!
Dumasar kana laporan ékonomi Center of Economic and Law Studies (CELIOS) anu dirilis dina April 2026, akumulasi kakayaan 50 urang superkaya di Indonésia ngahontal Rp4.651 triliun.
Jumlah kakayaan sakitu gedéna téh sarua jeung total kakayaan 55 juta urang Indonésia. Malah, jumlah éta leuwih gedé tibatan total Anggaran Pendapatan jeung Belanja Negara (APBN) dina sataun.
Coba bayangkeun deui.
Dumasar kana itungan CELIOS, kakayaan 50 urang pangbeungharna di Indonésia nambahan rata-rata Rp13 milyar sapoé. Ari upah pagawe mah rata-rata ngan nambahan Rp2.000 sapoé. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments