Ku: Ridhazia
KONSTITUSI Amérika Sarikat henteu netepkeun sarat kudu boga atikan formal nu tangtu pikeun calon présidén jeung wakil présidén.
Hartina, konstitusi nagara Paman Sam henteu dirarancang sacara normatif pikeun ngawajibkeun sarat atikan nu tangtu. Tujuanana sangkan hak milih jeung hak dipilih tetep inklusif, kabuka pikeun sakumna warga nagara.
Saha waé bisa jadi calon, sanajan teu boga ijazah ti sakola formal.
*Sarat “Sosial”
Sanajan kitu, dina kanyataan pulitik modéren, présidén jeung wakil présidén AS laun-laun nyumponan “sarat sosial”, nyaéta miboga atikan luhur.
Dina catetan sajarah, ti taun 1953, sakumna présidén AS anu kapilih sahenteuna nyandang gelar sarjana (S1). Malah, lolobana mangrupa lulusan paguron luhur nu luhur ajen citrana di dunya anu kaasup kana kelompok Ivy League, saperti Harvard, Yale, atawa University of Pennsylvania.
Sabalikna, saméméh taun 1953, aya 12 présidén anu teu boga gelar sarjana, malah aya ogé anu teu kungsi kuliah. Atikanana cukup jeung sawajarna baé, sangkan tetep bisa dipilih ku rahayat pikeun mingpin nagara.
Sababaraha tokoh gedé jeung kawentar, saperti George Washington (Présidén ka-1), Abraham Lincoln (Présidén ka-16), jeung Grover Cleveland (Présidén ka-22 jeung ka-24), teu boga ijazah paguron luhur. Sanajan kitu, maranéhna dianggap pantes jadi kapala nagara lantaran diajar sacara otodidak, kaasup ngaliwatan program magang hukum informal anu katelah reading law.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments