Kolom Sosial Politik

Loma Dina Alam Nyata, Jahat Dina Layar Kaca

0

Ku: Tiara Nuraeni

AYA  hiji kontradiksi nu pikaresepeun nu mindeng kapanggih dina kahirupan urang sapopoe. Waktu aya di jero angkutan umum, patepung di tempat umum, atawa saukur silih tanya nalika papanggih, urang Indonésia kasohor ku sikepna nu pohara loma tur ramahna. Imut nu haneut mindeng dipasangkeun ka sasama, omongan “mangga Pak” atawa “mangga Bu” ngalir kitu waé siga nu geus wawuh deukeut.

Urang tumuwuh dina budaya nu ngajungjung luhur nilai sopan jeung santun, utamana ka jalma nu leuwih kolot. Ieu budaya terus lumangsung sairing jeung kamekaran jaman. Nepi ka ayeuna, éta budaya téh masih kénéh karasa.

Snajan kitu,  éta pamandangan téh sakaligus leungit nalika urang muka telepon pinter (HP). Dina kolom koméntar média sosial tina rupa-rupa platform, kaayaan sosial urang ngadadak robah jadi tempat paréa-réa omong. Kritik mindeng robah jadi hihina atawa caci maki, bédana pamadegan dibales ku narajang, koméntar dina ngadugikeun saran disalahhartikeun jadi panyepelé, sarta rasa empati saolah-olah leungit kitu waé.

Dumasar kana laporan riset Digital Civility Index dina taun 2020, dina menominasikeun netizen nu pangteu sopanna di Asia Tenggara, Indonésia aya dina angka 76 tina 100 poin. Kalawan angka nu kaétang luhur éta, tiasa dibayangkeun sakumaha gorengna étika komunikasi masarakat Indonésia.

Kumaha  masarakat nu sakitu santunna di alam nyata  bet bisa  robah jadi sakitu agresifna dina layar kaca?

Salah sahiji faktor utamana nyaéta leungitna beungeut  manusa di tukangeun layar. Nalika urang ngobrol langsung jeung batur, urang tiasa ningali éksprési beungeut sora nada, jeung pasang peta awak lawan ngobrol urang. Réspon émosional lawan ngobrol jadi rem alami nu nahan urang sangkan teu ngaluarkeun kecap-kecap nu teu merenah.

Sabalikna, média sosial nyiptakeun jarak psikologis. Telepon pinter ngabogaan fungsi saperti tembok kandel. Urang teu tiasa ningali kumaha réaksi batur di tukangeun akun nu dikoméntaran ku urang. Ditambah deui ku idéntitas palsu nu ngajantenkeun ilusi yén urang teu kakeunaan ku konsékuansi sosial. Di tukangeun layar, rasa sungkan nu salami ieu dipelihara ku kabudayaan lokal téh siga nu luntur kitu waé.*

*Tiara Nuraeni, mahasiswi jurusan Ilmu Komunikasi Jurnalistik Fakultas Dakwah jeung Komunikasi UIN Sunan Gunung Djati,  nganjrek  di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.