Ku: Ridhazia
PIKEUN munggaran dina sajarah peradilan di Indonesia, sajumlah tokoh anti-korupsi ti kalangan aktivis jeung akademisi nepikeun amicus curiae pikeun urut Mendikbudristek Nadiem Makarim ka Pangadilan Negeri Jakarta Pusat.
Léngkah para aktivis ieu dipilih lantaran maranéhna nganggap perkara korupsi anu disanghareupan ku Nadiem ngandung cacad logika, kurang dasar nalar hukum, sarta karasa dipaksakeun.
Salian ti éta, aya rupa-rupa kajanggalan anu karasa dina ieu perkara. Tuntutan hukuman panjara 18 taun, denda Rp1 miliar, sarta mayar duit pangganti Rp5,6 triliun ka Nadiem dianggap can nyumponan rasa kaadilan masarakat.
Naon Éta Amicus Curiae?
Amicus curiae mangrupa istilah tina basa Latin anu sacara harfiah hartina “friend of the court” atawa “sobat pangadilan”.
Amicus curiae biasana diwujudkeun dina wangun dokumén tinulis anu disebut “amicus brief”.
Konsép ieu asalna tina sistem hukum Romawi Kuno anu tuluy mekar pesat di nagara-nagara modéren pikeun ngabantu hakim bisa hatam kana pasualan hukum sacara leuwih jembar jeung komprehensif.
Wujud Kapadulian
Salaku wangun kapadulian ti pihak katilu anu lain bagian tina hiji perkara, amicus curiae mangrupa katerangan, pamadegan hukum, atawa informasi tambahan anu ditepikeun ka majelis hakim dina mariksa jeung mutuskeun hiji perkara.
Kalayan kecap séjén, sanajan sacara hukum di Indonesia amicus curiae henteu ngabeungkeut putusan hakim, para tokoh anu ngadugikeunana miharep éta dokumén bisa jadi bahan tinimbangan tambahan.
Sahenteuna, para hakim anu ngadili perkara hukum Nadiem Makarim dipiharep sanggup ngaguar, nuturkeun, jeung ngartos ajén-ajén hukum ogé rasa kaadilan anu hirup sarta mekar di rohangan publik.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments