Kolom Sosial Politik

Hotman Dipolisikeun, Hotman Mundur

0

 

Ku: Ridhazia

PANGACARA  Hotman Paris Hutapea dilaporkeun ka pulisi patali jeung ucapanna, “lu punya otak nggak”, nu ditepikeun ka sajumlah wartawan dina hiji konferénsi pers.

Laporan éta diasupkeun ka Polda Metro Jaya ku organisasi Media Independen Online (MIO) Indonesia, sanggeus saméméhna aya laporan sarupa ti Persatuan Wartawan Indonesia (PWI).

Dianggap Ngahinakeun Wartawan

Pernyataan Hotman Paris dianggap némbongkeun sikep nu ngaréndahkeun, malah ku sabagian pihak dianggap ngahina kana profési wartawan.

Dina éta ucapan, wartawan saolah-olah digambarkeun minangka profési nu teu ngarti kana hukum, teu miboga kamampuh inteléktual, sarta teu pantes ngalaksanakeun pancén jurnalistik.

Réaksi Hotman

Hotman Paris geus nepikeun hapunten sacara kabuka. Manehna ngaku émosional nalika méré éta pernyataan sarta nyatakeun siap nyumponan panggero klarifikasi ti Polda Metro Jaya patali jeung laporan nu diajukeun ku PWI jeung MIO.

Mundur Tur Ngubaran Maneh

Pengacara nu salila ieu dipikawanoh kungsi ngabéla perkara korupsi gedé ogé nyatakeun mundur jadi kuasa hukum urut Jampidsus. Hotman  milih indit ngubaran diri ka luar nagri (Singapura)  lantaran kaserang saraf kajepit (Hernia Nukleus Pulposus) di wewengkon cangkéng nu nyeri nepi ka suku.

Warta ngeunaan mundurna Hotman sarta kaputusanana ngubaran diri ka luar nagri ngingetkeun kana léngkah urut Kapala Badan Gizi Nasional (BGN), Nanik Sudaryati Deyang, nu sacara resmi mundur tina jabatanna tuluy angkat ka luar nagri dina 22 Juli 2026 pikeun museurkeun diri kana pengobatan panyakit jantung. *

  * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.