Kolom Sosial Politik

MBG Jeung Emas 74 Kg Dikubur Ku Waktu?

0

 

Ku: Ridhazia

PANTES  mun timbul sangkaan yén kasus dugaan korupsi Program Makan Bergizi Gratis (MBG) jeung penanganan perkara emas 74 kilogram di Jampidsus ngahaja “dikubur” ku waktu.

Hartina, dua kasus gedé anu nyéréd lembaga penegak hukum éta diskenariokeun dipanjang-panjangkeun prosésna sangkan masarakat laun-laun mopohokeun, ninggalkeun, atawa nganggap éta perkara geus béak ku sorangan sapanjang waktu terus lumampah.

Kalayan kecap séjén, dugaan barter perkara MBG ku Kejaksaan Agung jeung kasus emas di Jampidsus ku kapulisian berpoténsi eureun tanpa aya kajelasan, tuluy laun-laun pareum tina panitén publik nepi ka antukna leungit tanpa tapak anu écés.

Intervénsi Pulitik

Spekulasi anu marucunghul di masarakat nyebutkeun yén perkara MBG jeung Jampidsus bisa waé geus kaintervénsi ku kakawasaan. Aya dugaan aya kakuatan pulitik anu ngahaja ngarahkeun jalanna panalungtikan.

Indikasina, robahna status hukum karasa matak nimbulkeun pananya. Prosés hukum anu ditempuh ku kapulisian jeung kejaksaan dianggap henteu lumangsung sakumaha ilaharna. Pangpangna ngeunaan kajelasan status urut Jampidsus, naha sabenerna minangka tersangka atawa ngan ukur saksi.

Alihna penanganan perkara ieu ogé dipiharep ku sabagian pihak bisa muka kasempetan pikeun urut Jampidsus lolos dina sidang praperadilan.

Leuwih jauh deui, ngalambat-lambatkeun prosés hiji perkara hukum bisa waé muka rohangan sangkan kasus ieu “diutak-atik” supaya henteu nyabak aktor pulitik séjén anu disangka aya patalina.

Kacida teu pantesna!*

  *Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.