Kolom Sosial Politik

Kinerja Pajeg Panggorengna!

0

 

Ku: Ridhazia

PAJEG eus lila jadi salah sahiji sumber panghasilan pangutamana pikeun Nagara Indonésia. Ku sabab kitu, aya babasan nu mindeng kadéngé, “Di dinya bumi dipijak, di dinya rahayat dipajeg.”

Najan kitu, dumasar kana paniléyan Bank Dunia, kinerja panarimaan pajeg Indonésia malah kaasup nu panggoréngna di dunya. Éta kacatet dina laporan Bank Dunia nu judulna Estimating Value Added Tax (VAT) and Corporate Income Tax (CIT) Gaps in Indonesia (2025).

Nagara Bébas Pajeg

Padahal, sababaraha nagara nu legana henteu sabanding jeung Indonésia sarta miboga sumber daya alam nu kawates, sakumaha dikutip tina Jurnal Investopedia, malah henteu narik pajeg ti rahayatna. Malah kaasup henteu nerapkeun PPN (Pajeg Pertambahan Nilai).

Sababaraha nagara nu bébas tina pajeg di antarana Uni Émirat Arab (UEA), Bahama, Bermuda, jeung Andora. Sedengkeun nagara nu henteu narik pajeg panghasilan di antarana Qatar, Brunei Darussalam, Oman, Bahrain, jeung Kuwait. *

     * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.