Kolom Sosial Politik

Maung Bandung Cakar Singo Edan

0

 

Ku: Ridhazia

LAGA  Persib Bandung ngalawan Arema FC di Stadion Si Jalak Harupat, Kabupatén Bandung, Jawa Barat, Saptu, 25 Juli 2026, jam 19.30 WIB, diprediksi bakal lumangsung panas jeung ketat.

Bobotoh miharep skuad Maung Bandung mampuh nyakar  Singo Edan minangka bukti kamampuhan Igor Tolic dina ngaping Persib Bandung salaku palatih kapala anyar, ngagantikeun palatih saméméhna, Bojan Hodak.

Persib Leuwih Unggul

Dumasar kana sajarah pasanggiri, Persib Bandung leuwih unggul tibatan Arema FC dina rékor patepungna dua tim. Malah, tim nu dijulukan Singo Edan can kungsi deui ngéléhkeun Maung Bandung saprak Nopémber 2021.

Tina puluhan pertandingan resmi dina era modéren, kira-kira antara 29 nepi ka 34 laga kompetitif utama, Maung Bandung ngabukukeun jumlah kameunangan nu leuwih loba sarta ngadominasi hasil dina sababaraha pasanggiri pamungkas.*

       * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.