Kolom Sosial Politik

Demo Mahasiswa LainPikeun Mumusuhan

0

 

 

Ku: Ridhazia

DEMONSTRASI mahasiswa mangrupa alarm anu tarik pikeun pamaréntah. Lamun disanghareupan ku pikiran anu tenang tur herang, sora protés ti jalanan nu asalna ti kampus saéstuna ngagambarkeun rasa kuciwa masarakat kana rupa-rupa kawijakan pamaréntah.

Sabenerna mahasiswa ogé teu hayang capé-capé turun ka jalan. Maranéhna leuwih miharep bisa diajar kalayan tengtrem di kampus, ngaréngsékeun kuliah, tuluy wisuda. Tapi kumaha deui, maranéhna ngarasa kudu “ambek” demi ngawakilan sora rahayat kana kawijakan ékonomi jeung sosial anu karasa beuki ngabebankeun.

Lain Pikeun Mumusuhan

Aksi protés lain pikeun mumusuhan. Sabalikna, éta téh minangka tarékah pikeun nepikeun sudut pandang séjén anu bisa jadi kaliwat ku ambisi pulitik nu nyekel kakawasaan dina nyusun kawijakan.

Gelombang kritik ti kalangan mahasiswa ogé lain pikeun ngaragragkeun atawa maksa présidén mundur tina kalungguhanana. Komo deui lain pikeun mumusuhan jeung TNI atawa Polri anu ngajaga aksi maké pager kawat cucuk jeung pakarang.

Kalayan kecap séjén, sora rahayat anu ngaguruh ti jalanan sarta beuki lila beuki ngagedéan téh mangrupa panginget sangkan pamaréntah tetep leumpang dina jalur anu bener.

Rohangan Dialog

Masukan ti mahasiswa saéstuna kudu ditarima minangka bahan koréksi pikeun ngaronjatkeun kualitas kawijakan. Éta sora leuwih hade dijawab ku muka rohangan dialog anu lega, lain ku lalawanan atawa usaha ngabungkem kritik.

Percaya, ngalalaworakeun sora generasi ngora bisa ngabalukarkeun leungitna kapercayaan masarakat sarta numpukna amarah sosial anu leuwih gedé. Leuwih ti éta, kakawasaan anu resep neken sora rahayat ilaharna moal langgeng, sabab dina ahirna bisa ragrag ku jalanna waktu.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi eung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.