Kolom Sosial Politik

Ceuk Tiyo: “Maling Berkedok Gizi”

0

 

Ku: Ridhazia

KATANGKEPNA (kacerek)  salah saurang pajabat luhur BGN (Badan Gizi Nasional) ngingetkeun deui kana pernyataan Tiyo Ardianto, anu harita ngajabat minangka Pupuhu Badan Eksekutif Mahasiswa (BEM) UGM Yogjakarta.

Tiyo  ngalontarkeun kritik anu seukeut ka program Makan Bergizi Gratis (MBG), malah kungsi nyindiran singgetan MBG jadi “Maling Maké Kedok Gizi”.

Ku lantaran éta pernyataan kacida seukeutna, Tiyo jeung kulawargana kungsi nyanghareupan rupa-rupa teror jeung ancaman.

Nguras Anggaran Atikan

Sanajan kitu, lain jadi sieun, Tiyo malah beuki tarik nyuarakeun kritikna. Nurutkeun  Tiyo, program prioritas anu jadi jangji Présidén Prabowo éta geus nyababkeun pangurangan anggaran pikeun sektor atikan.

Satuluyna, Tiyo oge ogé ngirim surat pangaduan langsung ka UNICEF pikeun nepikeun kahariwangna ngeunaan dampak kawijakan éta.

Kabuktian!*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.