Ku: Ridhazia
NEPI ka menit 45 leuwih sabaraha menit, skor pertandingan Argentina lawan Spanyol masih kénéh 0-0. Babak kahiji final Piala Dunya ieu jadi panggung adu taktik anu kacida ketatna antara Lionel Messi jeung Lamine Yamal.
Duanana béntang sababaraha kali ngancam gawang lawan. Sanajan kitu, sakabéh usahana can mampuh ngahasilkeun gol. Antukna, Argentina serah bongkokan. Kudu narima eleh saprak Spanyol ngasupkeun hiji gol. Argentina teu bisa males nepi ka piriwit lekasan ditiup ku wasit. Tijurahroh!
Kasar!
Pertandingan ogé dipapaésan ku kaulinan anu cukup kasar. Gelandang Argentina, Alexis Mac Allister, kungsi meunang panginget sanggeus ngalakukeun palanggaran ka Dani Olmo, anu ngabalukarkeun réaksi ti para pamaén di lapang.
Jam némbongkeun pukul 03.10 WIB nalika status ieu dijieun. Rasa tunduh ngadadak leungit lantaran dina acara reureuh babak kahiji (halftime show) dipintonkeun pagelaran ti jajaran béntang musik kawentar dunya.
Artis utama anu ngahibur panongton nyaéta Madonna, Justin Bieber, Shakira, jeung BTS. Lalajo ngaliwatan Fox Sport karasana leuwih nyugemakeun.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments