Ku: Ridhazia
POTO-POTO tentara Amerika Serikat (U.S. Army) anu keur ngajajar di hareupeun gerobak padagang baso siomay, ngadadak viral di média sosial.
Leuwih matak narik perhatian deui lantaran disebut-sebut yén para pasukan pararaider ti nagara Paman Sam éta mayar jajanan ku duit dolar AS. Padagang baso siomay tangtu waé bingung sabab henteu wawuh kana mata uang éta.
Kajadian éta lumangsung dina waktu reureuh latihan babarengan Platoon Exchange 1 antara TNI Angkatan Darat jeung tentara Amérika di hiji kompléks militér di Cicalengka, Kabupaten Bandung.
Ti saprak éta poto diunggah, geus dipikaresep ku 3.155 warganet. Rupa-rupa koméntar, mimiti tina rasa reueus nepi ka guyonan pikaseurieun, ngageuing rohangan média sosial.
Padahal, momen anu matak kataji tur kawilang langka éta sabenerna kajadian dina 8 Maret 2022, jauh saméméh munculna krisis dolar di Indonesia anu ngabalukarkeun nilai tukeur rupiah melemah.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments