Ujang Jeung Dokter Gigi
Ujang ngeuleuweuh ka dokter gigi sabab geus lila ngarasa huntuna nyeri. Dokter gigi nanya, “Kumaha nyerina, Jang? Mindeng jejelototan?” Ujang ngawaler, “Henteu mindeng mah Dok, tapi pami tos karaos, nyerina audubilah luar biasa!” Dokter gigi ngajawab, “Kudu dicabut huntu na, Jang.”
Ujang ngajawab, “Kumaha mun diobatan we, Dok? Cabut mah siga na moal kuat abdina.” Dokter gigi ngajelaskeun, “Mun diobatan mah ngan ukur samentara. Mun hayang cageur, kudu dicabut.” Ujang ngahuleng bari mikir.
Antukna Ujang ngomong, “Pami dipasihan diskon mah,Dok, katingalna moal pati nyeri teuing!” Dokter gigi ngahuleng, “Ujang, ieu dokter gigi, lain toko.” (Gita Amalia Marlan)
Naha Manuk Bisa Ngapung?
Rudi nanya ka bapana, “Pa, naha manuk bisa ngapung?” Bapana ngajawab, “Kusabab manuk boga jangjang.” Rudi ngeluh, “Naha ari kuring boga leungeun, teu bisa ngapung?” Bapana ngajawab sabar, “Kusabab jangjang manuk teu dipake mawa kantong plastik bari lumpat ka warung, siga maneh!” Rudi langsung seuri bari ngahuleng, “Ah, bener oge…” (Gita Amalia Marlan)
Sakola
Guru : Jelema kudu sakola keur naon, Dudung?
Dudung : Ngarah pinter, Bu
Guru : Upami tos pinter, naon nu pasti, Ibro?
Ibro : Pasti beunghar, Bu.
Guru: Lamun geus beunghar, naon nu pasti, Aceng?
Aceng : Sombong Bu Guru.
Guru : Tah, lamun jalma sombong, kumaha, Dadang?
Dadang : Abus ka naraka, Bu
Guru : Kukituna jadi jelema ulah naon, Udin?
Udin : Ulah sakola, Bu Guru. Meh teu asup naraka.
Guru : Udiiinnnn…! Maju ka hareup. Angkat sukunu katuhu di juru! (Nafisa Ghina Marsha)
Comments