Pituduh Dukun
Aya hiji bapa anu hayang apal masa depan budak lalakina anu katelah bangor datang ka saurang panayaan.
“Cik bah…. Budak abdi anu bangor tea mun tos beres kuliah bakal pijadieun naon?” “Pananyaan : “Gampang eta mah. Mun hayang apal bakal pijadieun naon budak ilaing, pancing weh bari intip, sadiaan tasbeh, arak, duit jeung kondom” “Maksudna kumah bah?
Pananyaan : “Lamun budak ilaing nyokot tasbeh, hartina eta budak bakal pijadieun ajengan, mun nyokot duit bakal pijadieun garong, mun arak anu dicokotna bakal pijadieun tukang mabok. Tah lamun sihoreng eta budak nyokot kondom,hartina budak ilaing teh bakal beuki lacur.Paham?”
Singket carita, eta panitah si pananyaan (dukun) tea dilaksanakeun ku si bapa. Barang-barang anu tadi tea disimpen dina meja di kamar budakna. Terus si bapak naek ka para bari ngintip.
Teu lila, datang budakna anu bangor tea. Barang ningali barang-barang anu di luhur meja tea, si budak katingalna siga anu atoh. Tasbeh langsung disakuan, arak diinum neupi ka beakna, duit oge gewat disakuan bari teu luak lieuk heula, atuh kondom oge gewat disakuan di pesak anu hiji deui.
Ningal kalakuan anakna kitu, si bapa anu di luhur para jol ranggah leungeuna bari siga anu ngadua : “Alhamdulillah, dicokot kabeh. Geuning anak aing teh pijadieun anggota dewan …” (ZM)
Comments