Sieun Ku Pamajikan (1)
Lalaki nu aya di hiji désa, kawentar sarieunan ku pamajikan masing-masing. Aya patugas ti bagian sénsus nu hayang ngabuktikeun. Éta pangna sakabéh lalaki warga éta désa dikumpulkeun di hiji lapang, terus sina narangtung di sisi wétan.
“Ka sing saha waé anu ngumpul di dieu, anu rumasa sieun ku pamajikan, sok geura parindah ka sisi kulon!” ceuk bapa patugas dina spiker.
Atuh bereyek waé paheula-heula pindah. Anu nyésa di sisi wétan ngan kari saurang. Tapi lila-lila mah terus pindah, ngan teu kebat ka sisi kulon, da kalah nangtung di tengah.
“Naha bet kalah nangtung di dinya?” ceuk bapa patugas.
“Saenyana abdi gé rumasa sieun, tapi sieunna ngan ku pamajikan nu ngora wungkul,” témbalna. ** (TS)
Sieun Ku Pamajikan (2)
Aya lalaki anu sieun pisan ku pamajikan, tepi ka pohara nurutna. Sakur anu dicarék ku pamajikanana, geus tangtu ku manéhna tara dipigawé. Éta pangna manéhna mah tara katempo miluan nguseup, atawa aleut-aleutan ngagowés sapéda, atawa aub di pos ronda ngadon gapléh. Anu matak ku tatanggana gé tara pangangguran diujuk-ajak, da geus pasti moal daékeun.
Ngan dina hiji waktu mah éta lalaki téh ku tatanggana kapanggih keur nguseup di tempat séjén. Katempona bangun suka bungah pisan.
“Ning éta nguseup, Kang,” omong tatanggana.
“Nya heueuh, da apan ieu téh karesep,” pokna.
“Apan Akang mah sok dicarék ku pamajikan, lin?”
“Dicarék sotéh ku pamajikan anu di ditu, da ku anu di dieu mah henteu,” témbalna, kalem.** (TS)
Comments