Sakola Keur Naon, Dung?
Guru : Jelema kudu sakola keur naon, Dudung?
Dudung : Ngarah pinter, Bu
Guru : Upami tos pinter, naon nu pasti, Ibro?
Ibro : Pasti Beunghar, Bu.
Guru: Lamun geus beunghar, naon nu pasti, Aceng?
Aceng : Sombong Bu Guru.
Guru : Tah, lamun jalma sombong, kumaha, Dadang?
Dadang : Abus ka naraka, Bu
Guru : Kukituna jadi jelema ulah naon, Udin?
Udin : Ulah sakola, Bu Guru. Meh teu asup naraka.
Guru : Udiiinnnn…! Maju ka hareup. Angkat sukunu katuhu di juru! (Nafisa Ghina Marsha)
Kiamat di Jero Kelas
Di hiji poe, pak guru keur ngajarkeun pelajaran agama di kelas. Dina poe eta, nu jadi topik nyaeta poe kiamat.
Pak Guru:
“Barudak, dunya ieu mah moal salawasna aya. Bakal aya waktuna kiamat datang, sakabeh nu hirup bakal beak.”
Murid:
“Naha, Pak? Naon wae kajadianana pas kiamat?”
Pak Guru:
“Dina poe eta, gunung bakal ragrag, laut bakal naek ka daratan, langit bakal ruksak, pokona mah dunya ancur lebur.”
Murid:
“Oh… Pak, pas kiamat sakola libur teu?”
Pak Guru:
Bari ngusap beuheung sakapeung…
“Libur? Libur kumaha? Bapa ogé keur sibuk nyiapkeun diri, lain mikiran absen sakola! Aduh, ieu barudak…”
Kelas jadi rame ku seuri barudak, tapi pa guru tetep jaga wibawa. Bari nyengir saeutik, manehna ngomong, “Ke ke bapa jadi teu ngarti. Naon hubunganana kiamat jeung libur?” (Wafa Aliya Rizki)
Handphone Canggih
Di hiji peuting, Ujang jeung Dudung keur ngobrol di warung kopi. Ujang ngabogaan handphone anyar. Dudung nanya, “Duh, Ujang, handphone anyar, pinter teuing eta mah?”
Ujang ngajawab bangga,
“Pinter pisan, Dung. Handphone ieu bisa nyaritakeun naon wae.”
Dudung nyoba, “Coba geura, tanya: Saha nu panggagahna di dieu?'”
Ujang langsung nanya ka handphone: “Saha nu panggagahna di dieu?”
Handphone ngajawab: “Nu keur nyekel kuring ayeuna.”
Dudung ngakak, “Puguh wae, Ujang! Da handphone oge sieun dijual deui ku maneh!” (Raisa Nurfalah)
Comments