BARAKATAK BIRIKITIK

Parab Ucing Jeung Monyet

0
Foto: SundaNews/Liputan6.com

Parab Ucing
Boga ucing aya genepna. Diparabna mah cukup ku sangu uurutan, digaley wé jeung bubuk pindang.
Hiji poé aya patugas mariksa, cenah ti bagian perikekhewanan.
“Teu kira-kira, ucing diparab nu kieu patut!” kang patugas ujug-ujug mangloh. “Yeuh, najan enya gé ka sato, tapi kudu dibéré parab anu bergizi atuh; lauk cai, endog, madu, susu.”
Nya digugu waé, da datangna ti patugas instansi resmi.
Saminggu ti harita aya deui patugas nu mariksa, cenah mah ti bagian pertumbuhan ekonomi rakyat.
“Sing kira-kira atuh!” ujug-ujug nyereng ieu gé deuih. “Piraku ucing diparab lauk jeung endog, nginumna susu dicampur madu. Yeuh, tong nyolok mata buncelik! Rayat gé loba anu ukur ngadahar sangu karo uyah, malah nu ukur kadugaeun meuli sangu aron gé aya.”
Ah, ka uingna jadi bingung.
Étah, naha heuleut sapuluh poé, bet aya deui patugas anu mariksa. Ah, teu ditanyakeun ti mana, ti manana. Kuriak uing disalahkeun deui geura.
“Ari ieu ucing sok diparab naon?” nanya bari ngaluarkeun catetan.
“Ah, teuing naon kahakananana mah. Nya sabeukina, sabeukina wé. Pokona mah saban isuk dibéré duit tilu rébu séwang. Kuma karep, rék dipaké meuli naon wé éta mah.” (TS)

Monyet
Ulin ka tempat wisata teh lain ku sabab aya duit paleuleuwih. Ieu mah bakat ku hayang ngabangbrangkeun tina kasusah nu beuki dieu asa tambah ngadagleg. Kondisi kahirupan anu nyampak, asa jajauheun tina nu kungsi dipidatokeun dina kompanyeu.
Tapi kitu ning di tempat piknik gé asa rudet ku monyét. Tarurun tina tangkal, terus ngaronom, malah aya nu rék rurunjang sagala. Boa harayangeun nyatu, ceuk dina haté. Lung baé kérésék nu dieusi leupeut téh dialungkeun. Ramé dibaroro terus parebut. Abong monyét.
Saenyana mah uing gé lapar kénéh, ngan leupeutna teu ngeunah, semu beyé, jajauheun tina peungkeur. Nu didahar téh ukur gorénganana hungkul.
Ari sugan geus dialungan leupeut mah rék terus nyaringkah, tapi angger wé ngaronom deui. Malah nu galedéna mah nuturkeun waktu uing ngaléngkah gé, terus ngahalangan liliwatan, bari marelong kana beungeut.
(Jadi inget kana carita bobodoran, ning aya monyét nu terus nyarita, “Ulah leupeutna hungkul méré téh. Mana ari gorénganana?”)
Tungtungna mah asa matak aral, ditutur-tutur monyét téh.
“Ari saria kunaon ngan nutur-nutur waé aing?” cekéng téh.
Naha atuh, ari pék téh monyét nu panggedéna némbalan, “Ukur rék nanya déwék mah, ari dina pilprés kamari, silaing milih saha?” (TS)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *