Kasebutna gé Bapa Akademis, nya geus tangtu karesepna kana maca buku. Enya, bangsaning buku paélmuan anu karandel, rupa-rupa basa. Dina erak jeung dina lomari, rék di imah rék di rohangan gawéna, kabéh gé pinuh ku buku. Ngan nya kitu, si bapa téh geus mimiti pohoan. Kawas harita, geus maju ka soré, balik ti toilét bet poho teu nyelétingkeun calana. Atuh puguh waé kawas aya paméran tunggal.
Katempoeun ku staf kantorna. Hayangeun ngabéjaan, tapi kararagok rék pokna, bisi si bapa kasigeung. Anu matak carana téh dibalibirkeun, “Punten, Bapa, rupina panto lomari buku téh teu acan ditutupkeun deui.”
“Ah, sok nyanyahoanan. Iraha teuing Bapa poho nutupkeun lomari buku,” témbalna, teu surti.
Waktu balik ka imah, seléting calana nu muka téh katempoeun ku pamajikanana. Atuh langsung waé digambréng, “Bapa, naha éta teu karaos, seléting muka? Meureun ti tatadi wé, nya?”
“Jih, enya geuning,” pokna, rada éra.
Ras waé inget, meureun tadi keur di kantor disebutkeun panto lomari buku muka téh, maksudna mah kana seléting calana.
Isukna, staf kantor téh dipanggil. “Yeuh, waktu kamari panto lomari buku tacan ditutupkeun téh, naha ku Juwita katempo aya ensiklopédia di jerona?”
“Anu katingal ku abdi mah mung ukur buku …, buku catetan kiriditan panci, da.” (TS)
Dibobodo Rek Ditojos
Ki Jai tukang bas jadugna di lembur eta mah. Kabetahkeun ku Nini Jumsih istri pamajikanana. Nini: “Hoyah Aki, keur naon disidik-sidik titatadi teh ngan ngahuleng wae. Diuk dina kuda-kuda, bari eta dititah ngomean boboko, pira ge nyokoan acan kelar keneh.”
Aki: “Puguh rada jangar.“
Nini: “Ituh geura sasarap heula angeun genjerna meungpeung haneut”
Aki: “Kelah bareng jeung incu, tuh geuning datang. Cu kasep kadieu heula aki boga ieu” Incuna nyampeurkeun. Ari geus deukeut ku Ki Jai dibobodo rek ditojos. Hah siah ditojos. Incuna ngajorowok, Nini si aki rek nojos ku jara.
Si aki bungah :”Aeh heueuh ieu teh jara,” pokna. (Atra Tata Sutarsa)
Dibobodo Rek Ditojos
Ki Jai tukang bas jadugna di lembur eta mah.
Kabetahkeun ku Nini Jumsih istri pamajikanana. Nini: “Hoyah Aki, keur naon disidik-sidik titatadi teh ngan ngahuleng wae. Diuk dina kuda-kuda, bari eta dititah ngomean boboko, pira ge nyokoan acan kelar keneh.”
Aki: “Puguh rada jangar.“
Nini: “Ituh geura sasarap heula angeun genjerna meungpeung haneut”
Aki: “Kelah bareng jeung incu, tuh geuning datang. Cu kasep kadieu heula aki boga ieu” Incuna nyampeurkeun. Ari geus deukeut ku Ki Jai dibobodo rek ditojos. Hah siah ditojos. Incuna ngajorowok, Nini si aki rek nojos ku jara.
Si akibungah :”Aeh heueuh ieu teh jara,” pokna. (Atra Tata Sutarsa)
Comments