Reuni SMP
Ti dua poé ka saméméh der ogé, Héru geus ngolo pamajikanana sangkan ulah milu kana re-uni SMP. Kajeun ucul duit, sina balanja sorangan sakarepna, nu penting mah Héru datang ka tempat acara tanpa dibarengan ku pamajikan.
Enya baé matak resep, sanggeus aya kana 40 taun papisah jeung babaturan. Guk-gok laju ngobrol mani uplek. Teu poho deuih foto bersama, atawa paalus-alus sélpih. Tapi ari acara anu dianggap istiméwa mah naon deui mun lain tepung jeung nu baréto kungsi silih eusian haté—naha saukur dikécéng, atawa hasil maksud tepi ka diapélan jeung rrajeun diajak lalajo bioskop.
“Janten ayeuna mah tos teu linggih di Jakarta, Yang? Tos kagungan putu jigana mah, nya? Tos sabaraha hiji, Yang? Pantesna téh mun putuna istri bakal gareulis nya, Yang?” omong Héru ka anu maké blaser biru sahéab—najan rada lintuh, tapi potongan awakna masih kénéh matut, aya deuleueunana.
Obrolan Héru sawaréh kadéngéeun ku sobatna. Éta pangna dina waktuna acara istirahat terus dipapaykeun ogé, “Silaing mah hébat, Héru, ka urut kabogoh jaman bedil sundut ogé, angger wé nyebut téh Yang.”
“Lain hébat, kuya! Puguh uing téh poho deui ngaranna,” témbalna. (TS)*
Ngalamar Gawe
Tong waka ukur ngandelkeun ijasah SMA, dalah sarjana gén loba anu tacan meunang gawé. Kitu nu kaalaman ku Entur. Geus capé balas kukurilingan bari ngéngélék map.
“Ka ditu geura, ka kebon binatang. Béjana butuheun satpam,” ceuk emangna.
Gancang dijugjug.
“Duh, hanjakal, Jang. Geus aya nu ngeusian mantén,” omong bagian personalia.
Entur ukur ngaheruk.
“Tapi, mun Ujang daék mah, heug ditarima gawé di dieu,” pokna deui.
Entur curinghak.
“Daék mun jadi orang utan? Éh, maksud Bapa, ukur jadi orang utan bobodoan da, ngaganti anu ti heula lantaran geus paéh. Éta orang utan nu paéh minggu tukang téh dipikaresep pisan ku pengunjung, utamana barudak,” ceuk bapa personalia, ti dituna mah nerangkeun.
Lantaran kajurung ku pangabutuh, ahirna Entur narima éta pagawéan.
Saban poé, mun pengunjung geus mimiti datang, Entur asup ka kandang orang utan, sanggeus didangdanan heula.
Cukup ku dipapatahan sakali, Entur kawilang tapis nurutan pamolah orang utan enyaan, hususna mun keur diriung ku pengunjung. Atuh nu daratang ka kebon binatang téh loba nu resep.
Ieu urang utan mamalihan téh tétérékélan dina karangkéng, terus ngagulayun bari ngarényohan. Pangunjung kaleprok. Naha atuh atuh ngagulayunna bet luhur teuing. Kulawing, geblus, langsung ragrag ka kandang maung. Pangunjung tingjéréwét, mangkarunyakeun ka orang utan anu geus pasti bakal dikerekeb si bélang.
Entur lumpat ka juru. Maung gé nuturkeun deuih. Mani asa geus sagep-gepeun punduk ditekuk maung. Tungtungna Entur ukur ngayekyek. Ayeuna aing paéh téh, ceuk dina haténa.
Maung beuki deukeut, malah sungutna geus méh adek kana ceuli orang utan mamalihan.
“Tong sieun, Jang, apan Akang gé sarua ieuh pagawé,” maung ngaharéwos.* (TS)
Mimiti Pohoan
Kasebutna gé Bapa Akademis, nya geus tangtu karesepna kana maca buku. Enya, bangsaning buku paélmuan anu karandel, rupa-rupa basa. Dina erak jeung dina lomari, rék di imah rék di rohangan gawéna, kabéh gé pinuh ku buku. Ngan nya kitu, si bapa téh geus mimiti pohoan. Kawas harita, geus maju ka soré, balik ti toilét bet poho teu nyelétingkeun calana. Atuh puguh waé kawas aya paméran tunggal.
Katempoeun ku staf kantorna. Hayangeun ngabéjaan, tapi kararagok rék pokna, bisi si bapa kasigeung. Anu matak carana téh dibalibirkeun, “Punten, Bapa, rupina panto lomari buku téh teu acan ditutupkeun deui.”
“Ah, sok nyanyahoanan. Iraha teuing Bapa poho nutupkeun lomari buku,” témbalna, teu surti.
Waktu balik ka imah, seléting calana nu muka téh katempoeun ku pamajikanana. Atuh langsung waé digambréng, “Bapa, naha éta teu karaos, seléting muka? Meureun ti tatadi wé, nya?”
“Jih, enya geuning,” pokna, rada éra.
Ras waé inget, meureun tadi keur di kantor disebutkeun panto lomari buku muka téh, maksudna mah kana seléting calana.
Isukna, staf kantor téh dipanggil. “Yeuh, waktu kamari panto lomari buku tacan ditutupkeun téh, naha ku Juwita katempo aya ensiklopédia di jerona?”
“Anu katingal ku abdi mah mung ukur buku …, buku catetan kiriditan panci, da.” (TS)
[
Comments