SundaNews (4-12-2024). Program Studi Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati Bandung ngagelar lokakarya anu témana luyu pisan jeung zaman kiwari, nya eta nékenkeun pentingna ngaintegrasikeun ajén-inajén Islam jaman digital, di Gedung Pascasarjana UIN SGD Jl. Soekarno Hatta, Bandung, Salasa 3 Desember 2024.
Kagiatan ieu diiluan ku sababaraha pihak, ti mimiti dosén pituin (home base), mahasiswa, nepi ka alumni, anu sakabéhna merhatikeun nngeunaan kumaha ngalarapkeun ajén-inajén Islam di dunya digital anu ngembang mingkin ngabelesat. Lokakarya diayakeun pikeun méré pamahaman anu leuwih jero ngeunaan kumaha ajén-inajén Islam kudu diintegrasikeun kana média siaran di jaman digital, di tengah arus informasi anu gancang sarta mindeng pajurawet pasalia jeung norma agama.
Acara dimimitian ku kecap bubuka ku Diréktur Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Prof. Dr. H. Ahmad Sarbini, M.Ag. Dina biantarana Ahmad Sarbini negeskeun kagiatan ieu sabagé tarekah penting dina ngaréspon tantangan jaman, utamana patali jeung kumaha era digital bisa jadi rohangan pikeun nyebarkeun ajén-inajén Islam anu leuwih munel jembar.
Prof. Ahmad Sarbini negeskeun peran penting akademisi jeung praktisi media dina ngajaga jeung nguatkeun integritas moral, etika jeung prinsip agama dina siaran digital sarta komunikasi.
Rengse kecap bubuka, acara dieusi ku paparan materi dua narasumber nya éta Prof. Dr. H. Asep Saepul Muhtadi, M.A., ahli komunikasi penyiaran Islam, jeung Dr. Mukhsin, M.Pd, salaku diréktur Pascasarjana STAI Alfalah Cicalengka.
Prof. Asep Saepul Muhtadi ngajelaskeun ngeunaan tangtangan nu kacida rongkahna anu disanghareupan ku umat Islam di era digital, boh tina aspek teknis boh kitu deui aspek ideologis. “Digitalisasi teh henteu ngan mangaruhan cara urang komunikasi, tapi ogé cara urang nyebarkeun ajén moral katut agama. Ku alatan éta, integrasi ajén-inajén Islam dina dunya digital teh kacida pentingna,” ceuk Asep.
Dr. Mukhsin, M.Pd, ogé méré sawangan anu teu kurang pentingna, ku cara ngadongéngkeun pentingna média atikan dumasar ajén-inajén kaislaman pikeun ngawangun karakter generasi muda anu bisa ngagunakeun téhnologi kalawan wijaksana.
Ku diayakeunana lokakarya ieu, dipiharep sakumna pihak anu kalibet bisa leuwih sadar kana pentingna ngajaga ajén-inajén Islam di era digital. Ieu ogé minangka moméntum nu hade pikeun nguatkeun sinergi antara dunya akademik, praktisi média jeung masarakat luas dina ngaoptimalkeun panggunaan média digital salaku sarana dakwah anu efektif, relevan, jeung mangpaat (sn/kohar rasyidin).
Comments