SundaNews (17/3/2025). Dewan Kemakmuran Masjid (DKM) jeung Majelis Taklim Ikomah UIN Sunan Gunung Djati Bandung Kampus I, ngagelar pangajian rutin bulanan, anu dilaksanakeun dina poe Sabtu, 22 Februari 2025, mareng 23 Sya’ban 1446 H, ti mimiti 07.45 nepi ka 10.00 WIB. Kadatangan jamaah disambut ku lantunan shalawat anu dikumandangkan ku para petugas ti Majelis Taklim Attaqwa Cipadung Kota Bandung.
Pangurus Majelis Taklim Ikomah, Dr. Astuti Kusumorini, M. Si. dina sambutanana nganuhunkeun boh ka panyelenggara acara, jamaah anu hadir, para petugas acara, boh kitu deui ka sakabeh pihak anu geus partisipasi dina acara pangajian ieu.
Penceramah dina pengajian ieu téh saurang akademisi ogé ketua DKM Masjid Ikomah, nyaeta Drs. Zainal Mutaqin M. Ag, dosen Fakultas Dakwah Dan Komunikasi UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Zainal Muaqin medar bahasan dina basa Sunda ngeunaan “Kasucian Lahir Batin Mapag Ramadan. Ramadhan”.
Saterusna, penceramah netelakeun yén bulan Ramadhan téh mangrupa bulan anu pinuh berkah sarta ampunan. Tiap muslim sawadina mapag Ramadan kalayan hate anu bersih tur jiwa anu suci, supaya ibadah anu dilaksanakeun bisa leuwih munel tur ditampi ku Alloh SWT. Kasucian lahir jeung batin jadi konci utama dina ngalakonan ibadah shaum Ranadan.
Kesucian lahir patali sarta kabersihan jasmani sareng lingkungan. Sababaraha hal anu bisa dilakukeun pikeun ngajaga kesucian lahir saméméh Ramadan. Kahiji, gabersihan diri. Ngajaga kabersihan awak, sapertos mandi sareng berwudhu kalayan sampurna, mangrupa bagian tina kesucian lahir anu kedah diperhatikeun.
Kadua, ngajaga pola dahar sehat. Saacan asup bulan puasa, penting pikeun ngatur pola dahar sangkan awak tetep séhat tur kuat dina ngalaksanakeun ibadah puasa. Katilu, ngajaga kabersihan imah sarta lingkungan. Imah jeung lingkungan anu bersih bakal nyiptakeun suasana tuaninah dina nyumponan ibadah salami Ramadhan.
Kesucian batin patali jeung kabersihan hate tur ikiran. Sababaraha léngkah anu tiasa dilakukeun pikeun nyucikeun batin saméméh Ramadhan. Tobat kalayan tulus, nyuhunkeun ampun ka Allah SWT pikeun sagala dosa anu parantos dipigawé, boh anu dihaja atanapi henteu dihaja.
Ngahampura kasalahan batur. Nyambut Ramadan kalayan haté anu lega tur bébas tina dengki bakal ngajadikeun ibadah langkung khusyu. Ningkatkeun kaimanan, ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, ngalangkungan ibadah, saperti maca Al-Qur’an, dzikir, jeung ngadoa. Ngajaga kecap tur laku lampah. Usahakeun pikeun nyarita sareng ngalakukeun anu saé, ogé nyingkahan hal-hal anu tiasa ngarugikeun diri sorangan atanapi batur.
Dina ahir acara pangajian, pengurus majelis taklim ngayakeun layanan konseling spiritual, ngaliwatan zikir tauhid afirmatif, nyaéta hiji zikir anu eusina pernyataan ngeunaan katauhidan Allah Swt anu dipatalikeun jeung rupa-rupa masalah kahirupan.
Pangajian dideudeul ku jamaah anu hadir, anu jumlahna 400 urang, ti sababaraha wewengkon di Kota Bandung. Pengajian ieu disponsoran ku Laboratorium Fakultas Dakwah sareng Komunikasi ogé Bandung Pos Update. (eris/*)
Comments