Kampus

Dosen Anyar UIN Bandung  Kursus Singkat Ronjatkeun Kualitas Pangajaran

0
Pamilon kursus singkat para dosen anyar UIN SGD Bandung difoto bareng (Foto:SundaNews/Kohar Rasyidin)

SundaNews (1-12-2024). Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung ngayakeun acara kurus singkat (short course) anu diiluan ku 45 dosén anyar, Sabtu 30 November 2024. Kagiatan ieu dirarancang pikeun méré pamahaman anu leuwih jero ngeunaan rupa-rupa aspék pangajaran, panalungtikan  sarta  mekarkeun bidang kaélmuan.

Hal eta  dumasar kana prinsip rahmatan lil-alamin. Maksudna sangkan bisa  méré mangpaat pikeun umat manusa kalawan pendekatan anu pinuh ku welas asih jeung katengtreman.  Kagiatan ieu digagas ku Konsorsium Keilmuan Wahyu Memandu Ilmu Univrsitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati Bandung.

Kursus singkat mangrupa program pelatihan anu tujuanana pikeun mere pangaweruh sarta kaahlian pikeun para dosen anyar dina waktuna ngajar di kelas.  Pon kitu deui pikeun para dosén anyar teh  dipiharep  mampuh nyanghareupan tangtangan dina dunya akademik mangsa kahareup nu pasti bakal leuwih rongkah.

Dina hal ieu, kursus singkat miboga tujuan pikeun ngalengkepan pamilon jeung wawasan panganyarna ngeunaan stratégi pangajaran éféktif, sarta  ogé ngembangkeun panalungtikan anu relevan jeung kamajuan jaman.

Sasaran tina program ieu téh dosén anu kakara ngagabung jeung UIN Sunan Gunung Djati Bandung. Dipilih sabab dipiharep bisa meunangkeun pamahaman anu jero ngeunaan visi, misi jeung ajén-inajén anu dipromokeun ku kampus, hususna anu museur kana rahmatan lil-alamin. Dosén dipiharep bisa ngalarapkeun élmu pangaweruh anu geus dicangking dina pangajaran jeung bisa ngayakeun panalungtikan anu aya mangpaatna pikeun masarakat.

Kursus ieu nampilkeun opat panyatur anu ahli dina widangna masing-masing. Aranjeunna ngabagi wawasan tur pangalaman dina sababaraha topik, mimitian ti pangajaran berbasis téknologi, panalungtikan berbasis komunitas, nepi ka pentingna ngahijikeun élmu tur  ajén moral dina unggal prosés akademik. Opat panyatur nyadiakeun matéri anu luyu pisan jeung pangabutuh dosén anyar anu hayang ngaronjatkeun kualitas pangajaran jeung panalungtikan di lingkungan UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Antusiasme pamilon kacida luhurna, katémbong dina aktivitasna dina diskusi jeung sesi tanya jawab. Aranjeunna henteu ngan ukur ngaregepkeun, tapi ogé mere  masukan sajeroning jadi peserta diskusi kelas. Ku kituna, para dosen anyar ieu dipiharep sangkan jadi tanaga pengajar nu profesional, inovatif,  jeung berdedikasi  (sn/kohar rasyidin).

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Kampus