Kampus

Reuni Akbar Jeung  Mubes IKA Sadaya FIB Unpad  Digelar Pébruari 2025

0

SundaNews (16/12/2024). Musyawarah Ikasadaya Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran (FIB Unpad) anu diayakeun dina Minggu, 8 Désémber 2024, di Bale Rumawat Kampus Unpad Dipatiukur,  Bandung, ngahasilkeun kaputusan strategis pikeun komunitas FIB.

Dina musyawarah ieu, anu dihadiran ku perwakilan dékanat, para ketua program studi, alumni ti sagala jurusan, ogé BEM FIB, sapuk  yén Reuni Akbar sareng Musyawarah Besar (Mubes) IKA Sadaya bakal dilaksanakeun dina 15 Pébruari 2025 di Kampus FIB Unpad, Jatinangor.

Acara ieu diharepkeun jadi ajang silaturahmi  akbar  pikeun alumni ti sagala angkatan sakaligus forum diskusi pikeun ngawangun kolaborasi strategis dina ngamajukeun Fakultas Ilmu Budaya, alumni, sareng mahasiswa.

Dina sambutanna, Wakil Dékan I FIB Unpad, Dr. Lina Meilinawati Rahayu, SS., M.Hum, negeskeun pentingna peran alumni dina ngarojong pangembangan fakultas, utamina pikeun mahasiswa anu keur  nyiapkeun karirna.  Lina ngawincik aya tilu  program utama anu diharepkeun bisa  diwujudkeun  ngaliwatan kolaborasi sareng alumni.

Kahiji, program magang mahasiswa di tempat gawe  alumni, salaku usahamere  pangalaman langsung pikeun mahasiswa dina dunya profésional.   Kadu,   panalungtikan  di tempat gawe alumni, tempat mahasiswa atawa dosén tiasa ngembangkeun kajian ilmiah anu relevan jeung kabutuhan industri jeung dunya pagaewan.  Katilu, program alumni ngajar, tempat alumni ngabagi pangalaman jeung wawasan profésionalna pikeun  nambah élmu mahasiswa.

“Ku kolaborasi anu raket,  Fakultas Ilmu Budaya tiasa janten ékosistem akademik anu henteu ngan ukur unggul dina pangajaran, tapi ogé kompetitip dina nyiapkeun mahasiswa pikeun mangsa ka payun,” saur Dr. Lina.

 Harepan tina Reuni Akbar

Yuszak M Yahya, care taker Ikasadaya, nekenkeun yén reuni akbar ieu lain ngan ukur riungan  nostalgia, tapi ogé léngkah awal pikeun ngawangun program-program konkrit demi kamajuan Fakultas, alumni, sareng mahasiswa.

Panitia penyelenggara Reuni Akbar sareng Mubes IKA Sadaya ieu diwangun ku gabungan alumni, pihak dékanat, program studi, komunitas, BEM, mahasiswa, jeung pihak universitas.

Salain éta, pihak eksternal anu biga poténsi mere  mangpaat strategis ogé dilibetkeun pikeun nyukseskeun reuni jeung mubes. Tujuan utamana nyaeta  ngakrabkeun deui hubungan silaturahmi antara alumni ti sagala angkatan,  ngembangkeun database alumni anu tiasa dimangpaatkeun pikeun sagala program strategis,  ngawujudkeun inisiatif kolaboratif anu ngarojong mahasiswa, kaasup kasempetan magang, panalungtikan, jeung pangajaran langsung ti alumni, jeung ngarancang program-program anu ngarojong pangembangan karir alumni sareng masihan kontribusi nyata pikeun Fakultas Ilmu Budaya.

Sakumna alumni Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran doindang pikeun aktip ilubiung dina Reuni Akbar sareng Mubes ieu.Partisipasi aktip sareng dukungan ide-ide anyar ti alumni dipiharep pisan  pikeun nguatkeun hasil anu dirumuskeun dina acara ieu, demi kamajuan FIB Unpad mangsa kahareup.  Informasi salengkepna bisa ngontak Tim Panitia Seksi Média Publikasi Herry: 0812-2027-2210. (**)

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Kampus