Kampus

Fidkom UIN Bandung Paturay Tineung Jeung Dosen Purnabakti  

0
Dekan Fidkom UIN SGD Bandung masrahkeun sertifikat ka dosen purnabakti Dra HJ Sumiyati, MAg. dina acara paturay tineung, Kemis (12/12/2024.)

SundaNews (14/12/2024).  Poe  anu pinuh ku rasa reueus, bagja, tapi oge dijajap  ku keclak cimata, mangsa  Fidkom UIN Sunan Gunung Djati ngayakeun acara paturay teuing jeung dua dosen seniorna nu purnabakti, di Aula Fidkom , Kampus I Cibiru Bandung, Kemis (12/12/2024).  Nyaeta Dr Hj Siti Sumiyati, MAg  jeung Drs Muh Khoyin, MAg.

Dina acara nu pinuh ku rasa kareureus sarta galiwotana panineungan  mangsa puluhan taun ka tulang itu teh, Dekan Fidkom Prof Dr H Enjang AS, MSi, netelakeun yen Kiayi Khoyin kungsi jadi  mentor sarta sobatna dina lalampahan neuleuman kajian tafsir jeung basa Arab. Henteu ngan ukur nungtun tina segi akademik, Khoyin ogé  jadi pilar pangrojong psikologis pikeun Prof. Enjang nepi ka suksés ngahontal posisi anu pangluhurna di dekanat.

Prof. Zaenal Abidin,  gawakilan para senior, méré pesen optimis yén sanajan sanggeus  purnatugas, kadua dosén ieu tetep  jadi  bagian ti kulawarga gedé fakultas. Inyana ngajak para purnbakti pikeun tetep aktip  dina sagala kagiatan fakultas, kaasup ngarojong koperasi Jembar Manah anu salila ieu jadi bagian tina komunitas fakultas.

Dr. H. Aang Ridwan anu ngawakilan para dosén, ngajelaskeunkumaha rongkahna  perjuangan jeung kontribusi luar biasa ti dua dosén ieu. Utamana, Siti Sumiyati, anu geus ngaprak pangalaman nu sakitu panjangna dina enggoning ngarintis karir akademik sarta babakti ka nagara.

“Para senior estuning kagungan peran nu mokaha dina masihan dukungan pikeun henerasi atawa entragan  anom sangkan salawasna optmis tur tabah dina nyangharepan rupa-rupa tangtangan mangsa kahareup,” pokna.

Dina sambutanna,  Siti Sumiyati, sakolebatan medar deui  lalampahan panjangna salaku dosén ti mimiti jadi calon  PNS nepi ka mangsa purnabakti. Inyana ngungkapkeun rasa syukur geus jadi bagian tina  kasuksésan fakultas nu kiwari kasebut hebat.

Siti Sumiyati  ngaharepkun dina mangsa kahareup mah, para dosen nu purnabakti teh bisa dibacakeun riwayat hidup atawa biografi singkatna. Hal eta lain wae mangrupa salah sahiji kahormatan ka dosen purnabakti tapi oge dipiharep bisa jadi sumber inspirasi jeung motivasi pikeun dosen-dosen nu ngarora.

Dina acara paturay tineung ieu, kusabab gering, Drs. Muh. Khoyin, M.Ag., teu bisa hadir. Inyana diwakilan ku adina, Ahmad Zaini.  Ditegeskeun yen Khoyin minta didukaeun sangkan dibere kasehatan sastuasna pangsiun. Teu poho Khoyin oge menta dihampura bisi salila babakti di fakultas teh kungsi ngalakukeun hal-hal nu kurang nyugemakeun.

Acara ieu lain ngan ukur sawates paturay tineung, tapi ogé pangeling kana kontribusi anu gedé ti duanana. Sagala loyalitas jeung dedikasina geus jadi bagian penting tona pondasi Fidkom UIN SGD. Siti Sumiyati jeung Khoyin sanajan geus purnabakt tetep nunjukeun sikep nu pinuh  sumanget jeung mere surituladan pikeun entragan nu ngarora. (S. Miharja)

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Kampus