Kolom Sosial Politik

TNI: Militer Pangkuatna!

0

 

Ku: Ridhazia

Numutkeun data taunan Global Fire Power (GFP) 2025, TNI nempatan peringkat kahiji minangka kakuatan militer pangkuatna di Asia Tenggara.

Indonesia ngahontal skor Power Index (PwrIndx) 0,2557, leuwih unggul batan Vietnam, Singapura, Myanmar, Filipina, Malaysia, Kamboja, jeung Laos.

Sanajan di posisi puncak, TNI kacatet ngan boga sakitar 400 rébu prajurit aktip, nu nempatkeunana dina urutan kadua sanggeus Vietnam nu mibanda total 600 rébu personél.

Sedengkeun tina sisi anggaran, Indonesia ngalokasikeun US$10,6 milyar pikeun pertahanan. Angka ieu nempatkeun Indonesia di handapeun Singapura anu ngahontal US$15 milyar.

Peringkat ka-8
Indonesia nempatan peringkat ka-8 di buana Asia dina laporan Global Firepower taun 2024, sanajan data taun 2025 ogé nempatkeun Indonesia dina posisi anu kuat di buana éta kalayan peringkat anu sarua.

Peringkat ka-13
Sedengkeun sacara global, kakuatan TNI nempatkeun Indonesia dina peringkat ka-13 dunya nurutkeun laporan Global Firepower 2025.

Wilujeng Hari TNI! 🇮🇩

*Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosialpulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.