SundaNews (20/12/2024). Dina raraga mungkas kagiatan samester gasal 2024, 95 santri TKQ At Taqwa RW 12 Antapani Kidul Kecamatan Antapani Kidul Kota Bandung, miang ka objek wisata Kampung Batu Makalasari Banjaran, Kabupaten Bandung, Rebo 18 Desember 2024. Kalayan diaping ku dalapan guru dipingpin ku kapala sakola tur kolotna masing-masing, 95 santri eta teh dihucuhkeun sangkan ngilu kagiatan outbond, naek parahu, sarta ngarasaan ngapung ngalayang ngaliwatan playing fox. Kagiatan diupungkas ku acara bagi raport. (Foto: Sundanews/Susy Adianingsih)
Comments