SundaNews (27/01/2025). Bandung, kota kreatip anu dipikawanoh ku hawa seger jeung suasana pikabetaheun, kiwari miboga tempat anyar [ikeun maén badminton. Ngaranna Oasis Siliwangi Badminton nu perenahna di Jl, Belitung No. 10, Kota Bandung, Jawa Barat. Lokasina strategis, Oasis Siliwangi nawarkeun pangalaman maén badminton nu beda tinu sejen kalayan dipapaes ku rupa-rupa fasilotas kelas luhur (mewah).
Lapangan badminton di Oasis Siliwangi dirancang pikeun méré kanyamanan maksimal keur pamaén. Kalayan lanté standar internasional, cahaya anu optimal, jeung rohangan anu lega, tempat ieu cocog pikeun sagala umur, boh anu anyar ngamimitian boh atlet profésional. Teu ngan éta, kabersihan jeung perawatan lapangan jadi prioritas utama, sangkan nu daratang ngarasa sugema
Fasilitas tambahan saperti kamar ganti anu resik, kafe pikeun ngopi satutas maén, nepi ka tempat parkir anu lega, nambahan kanyamanan nu datang. Oasis Siliwangi ogé mindeng jadi tuan rumah rupa-rupa turnamen badminton lokal. Oasis ku kituna jadi puseur kagiatan pikeun komunitas bulutangkis di Bandung. Sakali datang, tarifna Rp 150 rebu. (Foto: SundaNews/ Taupik Ihsan)
Comments