SundaNews (6/20/2025). Kagiatan imunisasi di SDN 3 Dano Désa Dano Kacamatan Leles Kabupatén Garut dihadiran langsung ku aparat kaséhatan Kacamatan Leles. Sajumlah 60 urang siswa kelas 1 nepi ka kelas 6 ulubiung dina imunisasi kalawan sumanget tur dibarengan ku guru jeung tenaga kaséhatan. Kaayaan ku pinuh kapadulian dibuktikeun ku para patugas kaséhatan nyadiakeun palayanan anu someah, minangka upaya ngajaga kaséhatan sarta nyegah panyakit ti umur dini pikeun siswa. Runtuyan kagiatan imunisasi di antarana mariksa jangkungna, beurat awak, pamariksaan THT jeung kaséhatan panon, suntikan vaksin, sakaligus panyadiaan nginum obat vitamin pikeun ngarojong tumuwuhna budak (Foto: SundaNews/abiel).






































Comments