SundaNews.id (4/8/2025). Potrét kahirupan sapopoe di jl. Sobana III Cikutra Kota Banung, Jawa Barat. Barudak keur ulin di tengah jalan sempit, wanci sareupna. Salah saurang budak diuk dina rorodaan, dibaturan ku sobatna metot ti hareup. Keur maranéhna, jalan gang nu sepi jadi tempat kaulinan nu aman jeung pikaresepeun. Ti kejauhan, menara masjid di antara hateup imah warga, nambahan rasa kaimanan jeung identitas lingkungan. Tembok nu geus luntur jeung kabel listrik nu pajurawet, ngagambarkeun realitas kota nu beuki padedet, tapi teu ngaleungitkeun rasa kadeudeuh jeung harmoni di antara warga. (Foto:SundaNews/Hendriana)






































Comments