KLIK

Warung Sangu Ma Eha di Cihapit, Saksi Sajarah Bandung

0

SundaNews (21/01/2025). Bandung nu katelahna kota kembang kawentarna teh  teu ngan pikeun kaéndahan alam sarta hawa tiis, tapi ogé pikeun  dunya kuliner. Di unggal juru kota, urang bakal manggihan rupa-rupa nikmat kuliner boh kadaharan boh salagarupa kamonesan iinuman. Dimimitian tina kadaharan nu diamparkeun atawa dina jongko sisi jalan nepi ka réstoran  modern di gedong-gedong  sigrong kawas hotel-hotel ngabentang.  Salah sahijina nyaeta  kuliner warung sangu legendaris “Ma Eha”, nu kiwari umurna geus 93 taun. Ngaran aslina mah Djuleha.  Warung Nasi Ma Eha perenahna di tengah Pasar Cihapit,  Bandung Wetan, Kota Bandung, Jawa Barat.  Warung Ma Eha ieu lain saukur tempat dahar biasa, tapi ogé jadi saksi kana budaya jeung sajarah Kota Bandung ti taun ka taun nepi ka ayeuna. (Foto: SundaNews/Nabila Nursyifa Fisip Unpas).

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in KLIK