Puisi Mahasiswa

Tina Leuleuy Jadi Pageuh

0

Karya: Aulia Rahmania

Sunda budaya nu luhur,
Di tiap juru lemah cai, asa gemah ripah tur subur
Kaulinan barudak, celempungan anu ngahibur
Sorak sumanget, jaga kearifan nu henteu lebur.

Angin gunung, hariring suling anu meredih
Nyanding angklung jeung kecapi, sora nu aris
Tarawangsa di sawah, tatalu ngagema
Ngajaga tradisi, estu ka bangsa cinta.

Kaen batik, sinjang anu anggun tur agung,
Ngahias raga, ngagurat rasa dina sanubari.
Leuweung kaiket, tali pangiket anu pageuh,
Luluhur urang, pangjurung pangharepan nu teu reureuh.

Bahasa nu ngaguluyur, tata krama nu dijaga
Adat urang Sunda, endah saperti sasakala
Tina leuleuy jadi pageuh, tina pageuh jadi kuat
Urang Sunda, hirup di dunya kalawan panceg!

 * Aulia Rahmania, miresep seni budaya Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *