Karya: Nadzira Nurfadliyya
Cahaya endah nyaangan peuting nu poek
Ngaraba jiwa dina katengtreman
Kakurung dina jero peuting
Rohangan kabuka pikeun impian
Sinar lemah lembut nutupan bumi
Endah ditinggali hese dicepeng
Cahaya bulan ngumbara di langit peuting
Kumalayang anteng marengan impian
Tiis hate ngarasakeun peuting
Cahaya dipantulkeun tina dasar cai
Ngalepaskeun beban jeung lamunan
Balayar laut tengah peuting
Di antara mega di jejeran ku bentang
Nyatakeun cahaya dina rembulan
Cahaya nu nangkeup ti peuting
Nambahan asih kanyaah diri
Angin ngahiliwir mapay dangdaunan
Nepikeun rasa katengtreman
Cahaya bulan jadi saksi tiisna peuting
Pikeun diri nenangkeun hate
* Nadzira Nurfadliyya, mikaresep seni budaya jeung sastra Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fdikom Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.
Comments