Puisi Mahasiswa

Saukur Panggung

0

Ku: Muhammad Dzulfan Illahi

Kahirupan téh panggung nu pinuh ku warna
Ngagambarkeun kaéndahan, kasangsaraan
Tapi dina unggal warna, cahaya  bakal datang,
Ngajaga asa, ngajaga harepan

Sanajan aya kalana ngagebeg, hujan ngocor
Teu kudu kaleungitan kapercayaan
Kudu tetep meuntas, kudu tetep ngalangkang
Ngalawan sagala halangan

Dina unggal lengkah, tapak ditinggalkeun,
Tapak nu bakal jadi implengan
DJaga urang bakal ninggalkeun panggung
Ngan ukur ngajalankeun takdir

Kudu jadi diri sorangan,  jadicahaya
Cahaya nu ngabagéakeun nu lian
Dina panggung kahirupan, hayu urang hirup,
Hirup kalawan makna, hirup kalawan cinta

           * Muhammad Dzulfan Illahi, mikaresep seni jeung budaya Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *