Puisi Mahasiswa

Ngahiji Rasa Jeung Jiwa

0

Karya : Raisa Nurfalah

Manusa kudu silih asih
Ulah aya nu dipilih-pilih
Hirup gotong royong sing alih
Supaya dunya jadi beresih

Loba jalma butuh pitulung
Ulah ngan ukur ngahurun payung
Kudu bisa mere tatanggungan
Ka sasama nu keur karerepet

Kamanusaan teh harga mati
Ulah nepi ka silih pikangéwani
Kudu bisa silih ajénan diri
Sangkan hirup téh jadi harti

Kamanusaan téh modal utama
Pikeun ngahiji rasa jeung jiwa
Sing salalawasna silih pikanyaah
Supaya hirup téh berkah

*Raisa Nurfalah, mikaresep fiksi Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *