Puisi Mahasiswa

Satutasna Anjeun Ngalalana

0

 

Ku:  Najwa Innayah

Panon poe no mencrong nyocog hate
Kahayang nu nyimpen dina dada
Ka anjeun nu teu teuing aya di mana
Ngan nyesakeun dada nu eungap kacida

Ayeuna diri mibanda lara
Ngukut ngaluarkeun caimata
Nempo tetengger nu ditulisan garan anjeun
Teu aya rupa, teu aya sora

Implengan urang mangsa harita
Kembang layu, teu beunang warna
Di dieu, asih mah teu bakal leungit
Dina unggal hiliwir angin kasorenakeun 

Hawar-hawar kadenge sora anjeun
Ti poe ka poe bulan ka bulan
Ngan anjeun nu nyantel dina hate
Geuning kiwari kieu rasana
Satutasna anjeun ngalalana 

 *Najwa Innayah, lahir di Palembang 2006, mahasiswa Prodi Jurnalistik  Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Palembang, Sumatera Selatan.

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *